Wa'alaikumsallam wr.wb
paingan poe teh cangra
paingan manuk teh recet disada
paingan kembang teh ligar
paingan kupu-kupu ting geleber
Singhoreng aya nu sumping
Ka angseu wangina ngadalingding
Boa-boa nu sumping teh wanoja
Saha atuh nu bogana
Bagea Teh Rini...mangga ka lebet
Nepangkeun simkuring Geni Bara sok dilandi Kebo Hideung
Alhamdulillah abdi pameget
Kawit mah ti Tasik
baktos
Kebo Hideung Kawalu Tasikmalaya
rini_so3triani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum wr.wb.
Wilujeng siang ka sadayana,
Nepangkeun abdi rini, kawit ti bandung, ayeuna nuju damel di jl.
tamansari. Abi hoyong ngiring ngariung di lembur (sateuacanna mah di
warung/GL wae :-)
Mugia ditampi ku baraya sadayana di dieun.
nuhun,
wass
-rini-
---------------------------------
Real people. Real questions. Real answers. Share what you know.