Bagea kang Deni, wilujeng sumping.
Sumuhun eta mah raraosan kang Deni wae panginten; da upami ditengetan tina
seratan akang, katingalina akang faham (ngartos?) basa Sunda. Seueur urang
Sunda kiwari (hususna nonoman sareng anu tos ngumbara lami tebih ti bale geusan
ngajadina) anu ngaraos kirang faham basa Sunda hususna upami patali sareng
undak usuk basa. Numutkeun pribados mah ulah kauger teuing ku aturan undak usuk
basa; campur aduk oge henteu naon-naon, da karuhun urang Sunda oge basana
demokratis henteu nganggo tingkatan-tingkatan.
Ngeunaan sajarah, kanyataannana seueur pisan (jigana mayoritas) urang Sunda
anu henteu terang kana sajarah karuhunna sacara rinci kumargi memang di sakola
ngawitan ti SD dui ka universitas urang teh henteu diatik sajarah Sunda. Paling
banter, tina sajarah nasional, mung disabit-sabit sacara singket ngeunaan
Tarumanagara sareng Pajajaran. Padahal sajarah Sunda teh langkung jembar ti
info singket eta. Jigana mah aya saena kurikulum sajarah Sunda diajarkeun di
sakola-sakola di tatar Sunda (provinsi Jabar sareng provinsi Banten) atanapi
diselapkeun dina palajaran basa Sunda sangkan nonoman Sunda henteu pareumeun
obor kana sajarah karuhunna.
Niat akang palay langkung kenal kana sajarah sareng udaya Sunda sae pisan.
Biasana aya oge info sajarah sareng budaya Sunda anu dialungkuen ka ieu milis;
antosan wae kang.
Eh, ari akang linggih dimana? Sareng naon ari pacabakan akang?
Sakitu wae, cag ah.
Wasalam,
Asep
Deni Saktian <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kumargi abdi ngaraos kirang faham bahasa sunda, abi miharep tiasa gabung ka
komunitas ieu supados tiasa ngabantos abdi langkung kenal kana budaya karuhun
abdi nyalira. sanaos abdi hirup di tatar sunda mung ironis pisan, abdi teu
terang sejarah sunda sareng budaya sunda secara detail.
---------------------------------
Asep
---------------------------------
Sick sense of humor? Visit Yahoo! TV's Comedy with an Edge to see what's on,
when.