Assalamu'alaikum wr.wb.,

Wilujeng wayah kieu baraya sadayana..saalam dunya saalam maya,SaSunda.....
Wilujeng patepang sareng simkuring tukang Ceting dina milis..(tapi di 
milis paranti ceting da') he..he...
simkuring bade Umajak ka parawargi sadayana kanu resep Ceting alias 
ngobrol dina milis..
sareng anu teu gaduh pasilitas YM ti Kantorna...tapi hoyong ngobrol, 
hoyong langkung nyaketkeun
tali babarayaan ku jalan ngobrol silih tempas, silih eledan, silih gonjak 
silih duedeuh pikanyaah...
terutami ka member milis anu arenggal....mangga dihaturanan linggih di 
milis <[EMAIL PROTECTED]> 
atanapi alamat web na di :http://groups.yahoo.com/group/gankleboy/
sok disebat oge Warung, dimana hiji warung tempat ngadu bako bari ngopi di 
lembur, lemburna mah nyaeta KUSnet tea...
matakna disebatna babakan di Milis Urang Sunda mah....
Gankleboy teh milis na Urang Sunda nu  KUSnet keneh,namung special kanggo 
ngobrol...
da' anggota na oge sami masih anggota KUSnet/anggota milis Urang Sunda...

Hayu atuh urang mimitian upami bade saukur ngobrol 
ngaler,ngidul,ngulon,ngetan mah mendingan yu' di warung...yu'...!!
keun dimana urang gaduh kasarieusan keur dipadungdengkeun,utamana keur 
ngamajukeun urang Sunda...jeung
kamaslahatan UrangSunda mangga di milis <[email protected]> ieu 
tempatna.

bilih bade lebet ka GankLeboy tiasa ngintun serelek(Serat 
Elektronik=E-mail) kosong ka : <[EMAIL PROTECTED]>
bade nomail/web only atawa ninggalian sareng ngabales serelek tina web na 
wungkul :<[EMAIL PROTECTED]>
bade eureun langganan tina gankleboy 
:<[EMAIL PROTECTED]>

Kaituna mah kahoyong na mah, malahan lamun hiji bahan padungdengan  tos 
teu nyambung kana jejer mimiti,
atawa tos aya indikasi kana chating, tiasa dipindahkeun wae obrolanana ka 
nu disebut warung tea.....tapi da' teu sadayana
ieu member nu kersa janten member di Gankleboy oge, padahal kuring 
saparakanca gaduh kahoyong ieu milis
UrangSunda(KUSnet) Jadi Milis nu tartib.

hapunten bilih aya kalepatan dina ieu postingan...nu tiasa ngaraheutkeun 
manah para wargi...
neda agung cukup lumur neda sing dihapunten sagalarupi kalepatan jisim 
kuring...

Wassalam.
baktosna,

-Rengrengan  Moderator GL-

Kirim email ke