Elly Nulis:
Pribados ngartos anggauta milist KUSNET moal tertarik kana soal anu rada serius
atanapi anu rada berat. Hal ieu dilantarankeun anggauta milist samodel kieu mah
umumna jalmi anu pangangguran matuh atanapi pensiunan anu teu aya pacabakan
deui, dari pada nganggur ngantosan maot. Aya oge sih mahasiswa, tapi umumna
mahasiswa kuuleun malih panginten mahasiswa abadi ............ . kitutah
panalungtikan pribados anu sapopoena ngurus masalah sosial masarakat... ......
Helmi :
urang ge anggota milis ieu urang lain pangangguran ngan hayang silaturahmi
jeung sasama nu ngarasa urang sunda atawa boga kapentingan (rek hereuy, rek
serius) kana isu naon wae tentang sunda. LOba mereun nu jiga urang teh tapi
naha ku elly teu disebutkeun di luhur padahal urang mah yakin ngan elly wungkul
panggangguran nu nungguan paeh bari ngahina kabatur....(da elly ge anggota
milis ieu matak bisa asup ge)
Elly Nulis :
Tapi pribados bade nyobian posting e-mail anu rada serius, sanaos pribados
yakin moal aya hiji oge anu bakal ngabahas ieu posting kulantaran daya nalar nu
maca moal dugi, malah meureun aya baraya anu mikir dina utekna, tong boro
ngabahas atawa mikiran posting Teh Ely, mikiran keur eusi beuteung pribadi
jeung kulawarga wae teu nepi. Mangga atuh geura di aos ieu posting hasil
"copy-paste" ti rerencangan di Bandung
Helmi nu ngarasa aneh ka Elly:
lamun geus nyaho jeung yakin moal di tanggapi naha masih keneh nulis (lain
nulis da kopi paste) di milis ieu lain geura ingkah.
urang mah yakin Elly bakal maca tulisan ieu, pan elly mah jalmi nu ngart kana
tulisan serius (TAH IEU TULISAN TEH SERIUS)
lain teu hayang maca menanggapi kopi paste ti elly (sabenerna ku urang d baca
sih tapi pembukaana ti elly matak nasteng),
Majalah Tempo minggu lalu ge ngabahas hal nu sarupa!!!!!
salam,
helmi matari suryanegara
____________________________________________________________________________________
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news,
photos & more.
http://mobile.yahoo.com/go?refer=1GNXIC