- Ka Ciwidey oge tiasa bulak-balik sapoe-eun....
aya sababaraha tempat tujuan:

1. Situ Patengan
2. Kawah Putih
3. Bumi perkemahan dan penangkaran Rusa Ranca Upas
4. Kolam pemandian Air Panas Cimanggu
5. Kolam Pemandian Air Panas Walini

Ti Leuwi Panjang Naek Mobil Jurusan Ciwidey (ColtL-300)ka Ciwidey,Ti 
Ciwidey naek Jurusan Situ Patengan
sadayana lokasi kalewatan kecuali Kawah Putih, eta mah dugikeun ka 
gerbangna wungkul..kedah naek mobil deui kaluhurna sekitar 5km

- Ka Maribaya oge sami sareng ka kawah tangkuban parahu route na, ngan di 
pasar lembang gentos mobil anu jurusan Cikidang (asana mah)..

- Ka Dago Pakar (guha Jepang)
Ti Leuwi Panjang naek Beus Damri Jurusan Dago
lamun naek angkot kedah ka Kb. Kalapa heula, ti kebon kalapa naek angkot 
deui jurusan Dago..


- kamana deui nya?!.....ah cukup meureun 3 oge pilihan mah...da' moal 
dijug2 kabeh meureun he..he..


-ts-



From: rini s <[EMAIL PROTECTED]> on 08/03/2007 02:08 PM
Sent by: [email protected]
Please respond to urangsunda


To:     [EMAIL PROTECTED]
Kusnet <[email protected]>
cc:     Toni BKC0067 Sofian/BKCP/[EMAIL PROTECTED]

Subject:[Urang Sunda] Re: [gankleboy] [naros] wisata alam di bandung


pami ka tangkuban parahu ti leuwi panjang mah, naek beus nu jurusan leuwi 
panjang-ledeng
turun di terminal ledeng, naek angkot nu jurusan ka lembang we.
turun ti terminal lembang kantun naek angkot nu ka tangkuban parahu..

janten teu aya nu sakali langsung tah angkot na hehe

----- Original Message ----
From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
To: Kusnet <[email protected]>; "[EMAIL PROTECTED]" 
<[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Friday, August 3, 2007 1:54:05 PM
Subject: [gankleboy] [naros] wisata alam di bandung

baraya, ari di bandung tempat wisata alam anu bisa (gampil) dideugdeug 
make angkutan umum di mana wae nya? ieu aya babaturan ti Cikarang hayang 
ngajak ulin barudakna. Ceuk manehna teh, mun naek primajasa ti Cikarang 
nepi ka Leuwipanjang, tah terusna ka mana wae nu bisa dideugdeug bari 
cukup sapoe bulak-balik? Misalna ka Tangkuban Parahu, ti Leuwipanjang naek 
umum sabaraha kali deui? Aya nu langsung teu? cikan ah...


--
sikandar
kumincir.blogspot. com

Kirim email ke