"Halow ?"
"Tiasa nyarios sareng Jay ?"
"abdi Jay, ari ieu saha ?"
"abdi Eli.."
"Saha ? Eti ?"
"Eli !"
"Owh Edi.."
"Sanes Edi, tapi Eli...E-El-Iiii...."
"Kokom ? Kokom nu mana nya ?"
"Ih dasar bolot.. Tina Eli kana Kokom, meni jauh"
"eh..sangeunahna wae nyebut bolot"
"Tuh geuning, ari disebut bolot mah ujug-ujug ngadenge.."
"Saha tea ?"
"Heueuh maneh .."
"Owh maneh...sugan teh uing nu bolot teh"
"Puguh maneh !"
"Uing ?"
"Enya !"
"Ceuk saha ?"
"Ceuk saha-ceuk saha..nya ceuk uing atuh !"
"Owh kitu ?"
"Ah..teuing ah.."

guprak..ceklek ... ngiiiiiiiiiiing....



-dul-

Kirim email ke