>>> [EMAIL PROTECTED] 08/03/07 03:06PM >>>
Assalamualaikum....... Haturan kasadaya baraya.................. Kang Deni Suwarja, Kang Toni, kang Tatang, kang Nanang, kang ikmal, Teh Imas, teh Roro, kang Oman, Knag thoyib, Kum wae kasadaya akang2 sareng teteh2.....oge ka baraya anu enggal nepangkeun si teteh.... Tos lami sim kuring tara ngulampreng ka bakus (babakan Kusnet ), sanes teu sono mung biasa wae pakeupuk. Tapi ari online mah ungal dinten ge tara elat. Wa'alaikumsalam Wr. Wb. Cihuy*kaabsen euy..heheh*Teh Ipeut, syukur pami damang mah. Wios noongan wae oge, da ngartos pami pakepux mah... Tapi barang nganjang deui ka ieu lembur, naha geuning aya baraya anu awon sangki, padahal ku ayana ieu KUSNET, siteteh janten kawentar kamana2. Ah........rek sombong wae, da ieu mah kasaean.... Dinten ieu Nami sim kuring ngajeblag aya dina Koran Jawa Pos, koran Jawa Timur, ngabejerbeaskeur pembelajaran Online. Kuayana internet barudak sakola maju, jeng sajabana. Anu pangbungahna mah, sakola kuring menang bantuan dana BlockGrant ti Pustekom lobana Rp. 109 juta, eta teh alatan siteteh janten User aktif ti E-Dukasi .net. Mun ditarik katukang ujung2na alatan si teteh sok resep posting di lembur Bakus jeung resep chating. Tah sakitu berita anu panganyarna, padahal seueur warta anu sanes, sok sieun jandi agul.........padahal geus agul ku payung butut......he he Naonnya hartosna agul ku payung butut tehnya...? kang Tatang naon eta hartosna...? Wah, Teh Ipeut ni maruriding maosna ge* Hebring Teteh mah (Te O Pe Be Ge Te lah*) tos katingali aya "sumbangsih"na kangge nagara. Wilujeng, ngiring reueus & bingah. Wios agul ku payung butut oge, da puguh agulkeuneunnana, sanes wadul alias Omdo. Sok Teh pedar atuh nu sanesna, supados sadayana aruningaeun. InsyaAllah HBH urang tepang nya Teh, tapi teu tiasa mondok, margi dinten Sabtuna kedah damel, maklum kuli*heheh. (Bari ngareret ka Kang Ndoell, "Daptar Kang! 2an sareng Teh Euis). Cag....ah Wassalam ro2

