Leres kitu ieu teh aya Taz TV ?

JP

Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                     
 
 "Mang asa katingali tadi di Festival..Mamang sanes  ? "
 "Ari Alo kaditu oge ?" tembal Mang  Utas
 "Puguh we atuh Mang, malihan kuring mah disorot wae  ku kamera TV ." tembal si 
Alo
 "Ke..ke..ke..ari Alo lebah mana kitu? naha teu  nyalukan Amang atuh."
 "Tadina mah rek sajorowok-jorowokna nyalukan Amang,  ngan era ku Pa Wali Kota, 
bisi pajarkeun jalma teu waras."
 "Har ari Alo..naha kudu make nyorowok, padahal  tinggal ditelepun we make 
henpon."
 "Deuh si Amang mah, angger ari geus ngahina kuring  teh."
 "Maksud Alo ngahina kumaha, da Amang mah teu rumasa  ngahina Alo."
 "Ari Amang jiga anu teu apal wae, kapanan henpon  kuring teh geus dijual pake 
meuli beas..!"
 "Aeh heueuh nya Lo..hampura Amang  poho."
 "Teu nanaon Mang, da Amang mah  hampuraeun."
  
 "Lain Lo..baruk tadi di sorot ku kameramen tv ?"  tanya si Amang
 "Muhun Mang, untung kuring geus dangdan, jadi teu  matak era abus kana tv teh."
 "Yeuh..Lo  komo Amang mah diwawancara ku  reporter tvna, jaba geulis 
reporterna, jaba lemes leungeuna." tembal Mang Utas  bangun nu embung eleh.
  
 "Ari kitu Mamang diwawancara kumaha ?"
 "Ah..biasa we Amang anu naros ti payun ka  anjeuna."
 "Halah..eta mah atuh lain oge diwawancara mang,  tapi kumaha tah caritana bisa 
ngobrol jeung reporter eta, jadi panasaran yeuh."  tembal si Alo
  
 "Kieu caritana mah, bakating ku hemeng ningali aya  reporter tv, amang teh 
ngawani-wani karep we tatanya ka manehna."
 "Hemeng kunaon Mang."
 "Enya eta reporter teh lain reporter RCTI, SCTV,  ANTV atawa Trans7, jadi we 
amang teh hayang apal."
 "Terus timana ceunah." ?
 "Neng maaf..Neng Reporter yah...?"
 "Iya betul..ada apa Pak." tembal si reporter tv  bari ngeukeuweuk mic bangun 
nu pogot.
 "kalo Mamang boleh tahu, Neng dari stasiun tv apa?"  
 "Ohw...kami dari TAZ TV..pak." tembal mojang eta  bari ngagelenyu imut
 "Dupi TAZ TV teh naon Neng?"
 "TAZ TV teh TV lokal Tasik, Insya Allah upami teu  aya wagelan bade mulai 
tayang ke kaping 12 Agustus 2007." tembal mojang eta bari  angger bari imut 
ngagelenyu, ngan ayeuna mah bari dengdek saeutik.
  
 "Terus Mang gambar kuring iraha ceunah disiarkeuna,  jam sabaraha kira-kira? 
ke kuring rek ngabejaan tatangga." celengkeung si Alo  nyela.
 "Tah saur si mojang reporter eta mah, gambar anu  Alo..ngahaja geus di pupusan 
deui, da ceunah mah pinuh teuing." tembal Mang Utas  bari seuri leutik
  
 Si Alo ditembalan kitu teh sajongjonan mah,  ngahuleng....terus siblek diuk 
bangun nu kuciwa.
  
 Di tulis ku Kebo Hideung - Kawalu  Tasikmalaya
  
  
  
 
     
                       


Makarya Mawa Raharja

       
---------------------------------
Need a vacation? Get great deals to amazing places on Yahoo! Travel. 

Kirim email ke