Poe Jum'at jeung Saptu, kuring jalan-jalan ka Jatinangor,  nyaksian pun alo di 
wisuda di IPDN sakalian hayang ningali almamater Unpad nu sababaraha tahun teu 
dilongokan. 
   
  Pangling euy !!
   
  Baheula IPDN serem jeung  tertutup, ayeuna mah bebas kaluar asup. Karek nyaho 
ayeuna, jerona IPDN teh. mugi wae aya perobihan nya Kang !!
   
  Jalan-jalan ka komplek Unpad, meni benten ayeuna mah. Kapungkur mah masih 
gersang pisan, ayeuna mah lumayan lah teu pati gersang teuing.
   
  Kuring telp ka babaturan baheula nu ngadosenan di Unpad. Kuring di suruh 
mampir, ah... isin da ayeuna mah Eks Mahasiswa.
   
  Hanjakal sakeudeung, poe saptu beurang kuring kudu balik deui ka Jakarta, 
maklum barudak teu di bawa, jadina naranyakeun wae.
   
  Entos ah...
   

       
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!

Kirim email ke