Heuheuheu...>>>> *tadina mah ngan rek ngetik ieu hungkul, ngan bisi disebut ceting*
Nya ari sugan teh nasteung atuh, nya ari bare ngorong sok weh teraskeun ngorongna. ngan eta kade euy keyboard meni pinuh ku korong... jeung tong jero2 teuing ngorong teh yeuh, nepi ka garetihan kitu. heuheuheu... -Bohay- Nyieun conto teh meni uing jeung Neng Ely euy. hihihihi... 2007/8/6, ndoell <[EMAIL PROTECTED]>: > > Ah teu nasteung teu sing uing mah.. > puguh bari ngorong ieu teh. > > ari nembalan wungkul sauted jiga kang Deni mah, lain ceting, > tapi Kang Deni-na keur euweuh gawe. ari nu ngarana ceting mah yeuh... > patembal-tembal, silih pairan bari jeung tulisanana sauted.. > misalna : > > Elly nulis : > "Kang Bohay damang ?" > > Kang Bohay mairan deui : > "Eh Teh Elly, Damang, kumaha sawangsulna ?" > > Elly mairan deui : > "Alhamdulillah damang, kamana wae ? masih keneh nganggur ?" > > Kang Bohay mairan deui : > "Ah aya wae, justru Neng Elly nu kamana wae.." > > Kang Toni mairan : > "Deuuh...meni akrab kitu euy !" > > Kang Bohay mairan deui : > "Kunaon kang haji ? meni cemburu kitu .." > > Kang Toni mairan deui : > "Lain atuda, beda we, ayeuna mah meni mesra kitu.." > > Ceu Roro mairan : > "heu heu ..." > > meureun jiga kitu. Mun geus silih pairan, tungtungna jiga > ngobrol. Matakna nu ngobrol mah sina ulin-na di warung. > > Tapi nya.. > mun misalkeun uing salah, ngawakilan rengrengan Kuncen, > uing menta dihampura. Da lain maksud uing rek pilih kasih. > Tapi maenya atuh uing mikaasih ka Kang Bohay mah ... > Atuh meureun jeruk makan jeruk. > > -dul- > >

