Maca di Kompas, "sepak terjangna" Kang Tedy, jadi
hoyong ngaitkeun kana sababaraha perkara. 

Nu kahiji, mah salut kana kamotekaran anu dirintis ku
Kang Tedy hiji nonoman ngora Sunda, anu pasti bakal
"ngaglobal". Hiji usaha anu pasti bakal "ngaharum"keun
ngaran Indonesia, bari jeung ngahasilkeun cicis.

Nu kadua, justru ayeuna teh satiap paguron luhur di
Indonesia, ditantang, sangkan boga kaunggulan anu
prospekna alus, aya ciri khas, anu teu dipiboga
kunulian, tapi boga "nilai jual" keur urang
Mancanagara.

katilu, orientasina ka luar global, lain di jero
(dalam negeri). Perkara ieu aya contoh anu alus,
sutradara Garin Nugroho, sok sanajan teu pati
produktif dina nyieun film, tapi manehna masarkeun
film-filmna di luar negeri. hasilna mucekil, upama
dibandingkeun jeung panghasilan masarkeun film di
dalam negeri. (kitu tah ceuk Garin Nugroho dina hiji
acara "empat mata"na Tukul arwana).

Kaopat, tah ieu anu paling teu ngeunah. Kang Tedy teh
alumni Unpad, angkatanana sahandapeun kang Mumu
Iskandar anu ngadosen di FIB UI. Duanana oge kawilang
alumni Unpad anu nyongcolang. Tapi cenah mah, waktu
ngalamar jadi dosen di Sastra Sunda Unpad, DITOLAK
alias TEU DITARIMA. Teu jelas kunaon sababna. Tapi anu
jelas mah, duananana oge boga prestasi di paguron UI
jeung UPI. Jigana wae lamun duanana ngadosen di Unpad
can tangtu maju jiga ayeuna.
Ceuk kuring mah hiji karugian lamun sistem rekrutmen
dosen di Unpad (khususna) di Sastra Sunda jiga ayeuna.
kudu mere lolongkrang ka anu ngarora pikeun
ngamajeukeun paguron luhur. Tuh tingali di UI Rektorna
umurna 44 tahun, padahal masih aya seniorna anu umurna
leuwih kolot jeung boga reputasi alus di tingkat
nasional jeung internasional.

Tos ah, ieu mung sakadar Asupan kanggo kang Ganjar,
jeung keur saha wae anu hayang maju, jeung hayang
ngarobah kaayaan.

baktos,

mrachmatrawyani





       
____________________________________________________________________________________
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news, 
photos & more. 
http://mobile.yahoo.com/go?refer=1GNXIC

Kirim email ke