Euleuuuh geuning beja ngenaan pak Sukarma tokoh seniman Tarawangsa bakal meunang pangleler ti panitia HBH Kusnet tos aya dina Galura...? padahal sim abdi teu acan kantos nepangan dan nembe oge direncakeun dina sasih agustus ieu sareng kang Yus R Ismail. mung pami teu lepat mah kang Yus kantos nyarios yen aya rerencangana anu ti Galura ngobrolkeun perkawis pa Sukarma bakal di leler ku panitia HBH Kusnet 2007 tapi sifatna masih off teu record saurna mah (malah diomat-omatan sagala ulah waka diuar-uar saur kang Yus teh da teu acan pasti / nembe rencana...) Ari kitu mah rupina kedah saenggalna sim kuring nepangan anjeuna...hehehehe.
nuhun iberna, rumaos tos langki tara maca koran Galura... "kkbm'69" On 8/7/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kaleresan teu acan maca Galura, ke urang milarian. > Perkawis eta mah wewenang Panitia HBH anu nangtoskeun saha-sahana, sareng > sim kuring teh asa teu kantos ngiberan masalah eta ka Galura. Mung anu > kantos teh posting ka Kusnet perkawis dalang catur tea Aki Idja Sukmadja, > eta ge mung ngusulkeun. > Duka tah upami Kang Iim anu kantos nyarios bade ka Rancakalong. > > MSas > > >

