Neng roro,
   
  Sanes minggon panginten tapi saminggon. Upami saminggon mah sanes lemesna 
tina saminggu tapi kecap anu robih sora tina samingguan janten saminggon anu 
hartosna ”kira-kira saminggu”. Conto kalimah: ”kuring di Bandung aya saminggon.”
   
  Pakait sareng kecap minggu, nahanya ari nami dinten Senen, Salasa, Rebo, 
Kemis, Jumaah sareng Saptu dicandak tina bahasa Arab sedengkeun nami dinten 
minggu dicandak tina kecap domingo atanapi domingus dina basa Portugis? Naha 
aya patalina sareng kadongkapan urang Portugis ka Sunda Kalapa waktos 
kapungkur? Aya anu terang? 
   
  Wangsul deui kana kecap anu ngandung sora uan teras robih janten sora on, 
kecap tunggon oge sanes lemesna tina kecap tapi kecap anu robih sora tina 
tungguan janten tunggon. Teras sual kecap ngawalon rasana mah  sanes lemesna 
tina ngawaler tapi sabalikna  kasarna tina ngawaler. Mung pribados henteu 
terang naha kecap ngawalon kawitna tina ngawaluan atanapi sanes; nyanggakeun ka 
ahlina. 
   
  Salam,
  Asep
  

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Salian ti eta aya tungtung kecap nu digentos ku  “on” janten lemes, contona :
Minggu – minggon
Tunggu- tunggon
Ngawaler  – ngawalon
Tere-kawalon ?
 Aya keneh panginten tungtung kecap nu digentos  kunu sanesna...Tetela basa 
Sunda teh  beunghar.
 ro2









Asep

       
---------------------------------
Looking for a deal? Find great prices on flights and hotels with Yahoo! 
FareChase.

Kirim email ke