Abdi ge masih keneh emut basa Persib maen di Lapang Sukaratu pan waktos Jaffar Siddik nikah eta teh. Asa ngimpi ningal Adjat Sudrajat cs maen di caket bumi. Kapungkur mah ningal teh di TV bodas hideung anu masih keneh dicolok kanu aki power-na. Musuh na teh PSMS Medan. Basa Final lawan PSMS Medan sa-RT pada lalajo. Abdi cs purah nyetrum aki TV na, Mun ayeuna mha nonton bareng meureun nya..... Waktos harita mah aya gosip Adjat Sudrajat bobogohan sareng Hetty Koes Endang..he..he...
Sahman Rinrin Jamrianti <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Upami urang darmtaja mah insya Alloh atuh kenal ka Cibungur mah :) Jaffar sidik ayeuna janten politikus geuning nya... ari adjat sudrajat (No. 10 tea) kamana nya... emut pas persib maen dilapang sukaratu... sanes maen bola akhirna janten jumpa fans.... atuuuh jaman harita mah persib teh keur nanjeur pisan... :) www.friendster.com/sahman www.geocities.com/ex_orientelux Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

