Hidup aktivis ... da sabenerna aktivis teh nu pang nasionalisna atuh ...
sahenteuna pas keur demona meureun. Jadi biasana ge sok loba anu ngaku-ngaku
ngarah kapake padahal aktivis nu sabenerna mah tara uka-aku ... jadi mun
maca tulisan bah Willy dina e-mailna, jang kuring mah Bah Willy teh aktivis
nu sabenerna... antepkeun wae bah nu sok ngirim surat kaleng mah eta sirik
meureun, hayang kasebut aktivis oge :)

On 8/18/07, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   He...he....tos we lah Bah Willy sigana salah harti nu nyerat popoekan
> teh. Tapi dibaca deui asa aya nu teu pas nangkep harti aktipis. Ari bah
> Willy mah bau pulitik, ari surat kalenger bau  riset/proyek departemen
> (dosen-mahasiswa).....kitu panginten.
>
> Wilujeng sasih Rewah (Sya'ban)
> JP
>
>
> *Waluya <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Baraya sadayana, kuring meunang japrian ti sasaurang kana thread
> "Leungiteun
> Cecekelan ....", cenah pajarkeun kuring teh "geer" ngaku-ngaku aktivis
> mahasiswa taun 1978. Tangtu we kuring teh ngajenghok da teu ngarasa
> ngaku-ngaku. Isin atuh da di Kusnet teh aya sababaraha urang nu ampir
> bareng
> sakolana di ITB. Nu kuring apal aya kang WAG, nu wawuh ti keur mahasiswa
> keneh, aya kang Engkus Ruswana, (1975) saangkatan jeung kuring. Aya Kang
> Dudi Mulyadi (1976) jeung kang Trias (1978) nu nembe diangkat jadi kuncen.
>


------------ dikadek sapalih, meh teu ngambai...

Kirim email ke