P.O.H.O.

Hiji mangsa Mang Utas, si Ewok jeung si Alo keur ngariung di pos ronda, 
galuntreng ngobrol ngaler ngidul.

"Lain euy ngadenge beja, maneh pernah ngawin pagawe bank ?" tanya Mang Utas
"he.he.he....enya puguhan beja mah jiga kitu Mang." tembal si Ewok bari 
nyerengeh
"Pagawe bank mana kitu Kang Ewok ?" tanya si Alo
"Naha atuh bet dipirak sagala euy..pang lebarkeun dewek mah." sambung Mang Utas

"Heup  heula, nanya teh meni murudul kitu, hese ngajawabna..!  tembal si Ewok 
bari tuluy ngusiwel ngaluarkeun bako Cap Wayang jieunan urang Tasik.
 
"Heug atuh...sok jawab pertanyaan dewek heula ?" tembal Mang Utas
"Naon tadi pertanyaana Mang.?" tanya si Ewok bari tuluy ngalinting bako
"Halah maneh mah budak-budak meni geus pikun kitu...piraku pertanyaan karek 
bieu geus poho !" tembal Mang Utas semu muncereng

"Enyaan Mang kuring teu ngabandungan tadi teh." tembal si Ewok
"Alo...cik jelaskeun tah pertanyaan dewek anu tadi." sambung Mang Utas
"Ari kitu tadi Mang Utas naros naon ka Kang Ewok..?" tembal si Alo bari kerung
"Heuuuhhh...saruana pisan maneh mah..!"
"Sok atuh Amang naros deui ka kuring." cek si Ewok bari ngabebener silana 
bangun daria.
"Mana dewek nanya ka silaing jeung si Alo teh, kapanan dewek teh geus poho naon 
anu tadi ku dewek ditanyakeun ka silaing." tembal Mang Utas bari tuluy 
nyerebungkeun haseup udud ka lebah si Alo, atuh si Alo anu tara udud teh 
kokolopokan batuk, bari leungeun pakupis nepakan haseup bako.

"Aduuuh...Mang  terlalu si Amang mah, puguh kuring mah teu kuat mun ngambeu 
haseup roko teh, ieu kalahka tuplek kabeh ka kuring." cek si Alo bari tuluy 
kuniang hudang ngajauhan haseup bako anu sakitu mulekna.

"Ngahaja Lo..ngarah teu pohoan, tah diempos mah sugan we bengras otak teh." 
tembal Mang Utas teu euleum-euleum
"ha.ha.ha....makana sok tah diajar udud Lo, ngarah teu pohoan." cek si ewok 
bari ngehkey seuri

"Halah....naon hubungana udud jeung pohoan?  didinya oge anu ududna geus senior 
kitu angger we panyakit poho mah euntreup." tembal si Alo, bari nutupan irungna 
ku tungtung kaos

"Mang Utas kulantaran naon anu rek ditanyakeun geus poho, mendingan ayeuna mah 
urang nguriling ngontrol lembur." cek si Ewok
"Hayu atuh...keun uing bagean ngontrolan lembur Tasik, maneh Ewok bagean 
ngontrol babakan Kusnet, maneh Alo bagean ngontrolan lembur Kuningan." tembal 
Mang Utas ngomando anak buahna

"Siap...  komandan....! tembal si Ewok jeung si Alo meh bareng
Bring we tiluana arindit.....

Tamat

Ku: Kebo Hideung -Perum MB Kawalu Tasikmalaya

Kirim email ke