> "Dudi Herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > ieu mah pamadegan kuring. fatwa teu sarua jeung ngalarang. ukur > himbauan :) > yen eta teh haram. nya dimana aya umat nu teu satuju mangga we > lajengkeun ngadangdut :)
Ngalarang / ngaharamkeun moal nganggeuskeun masalah, eta oge lamun dianggap masalah. Kuring inget di taun 1970'an, dangdut teu meunang manggung di TVRI. Oma Irama jeung ELvi sukaesih "haram" aya dina layar kaca. Tapi dangdut henteu punah, malah lila-lila nu resep tambah ngalobaan. Lamun urang kukurilingan di sakuliah Indonesia, bakal karasa yen AYA nu ngahijikeun urang Indonesia nu "bhineka" ieu. Kahiji Bahasa Indonesia. Dimana-mana wae di Indonesia, urang teu salempang ku bahasa, sabab rata-rata urang Indonesia, barisa ngomong Basa Indonesia. Nu kaduana? musik DANGDUT!. Lagu dangdut kareungeu di sakuliah Indonesia ti Sabang tepi ka Merauke, ti Pulo Roti tepi ka Talaud. DANGDUT nu dilarang ku pamaretah di taun 1970'an malah robah jadi KASENIAN NASIONAL. Ngahijikeun Urang Indonesia jadi sakaresep. Kuring satuju pisan jeung hiji pamandegan dina dialog dina TV, yen lagu Indonesia Raya teh teu kudu diatur-atur cara ngamaenkeunana. Bebaskeun wae rek kumaha dinyanyikeunana, sabab Indonesia Raya milik rakyat Indonesia. Kuduna ayeuna aya INDONESIA RAYA versi Dangdutna .....hehehehe Baktos, WALUYA

