sakedap kang, maksadna "di dieu" teh di mana? ampun paralun teu patos apal ieu 
teh dalah di milis teh teu patos eces tah dimana wae linggihna para anggota us 
teh. abdi mah sanes ti SMA 3, sok sanaos urang bandung oge, sakola SMA na mah 
nyingcet ka priangan timur. ka garut. kirang langkung 15 menit ti pasar ciawi 
tali. aeh aeh bet jadi nostalgia kieu ieu teh.
  sakantenan masantren tipayun teh. da edas tuda bedegong. matak dianggangkeun 
weh ka kota dodol
   
  salman,

trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Teu wawuh saleresna mah, ngan terang ti rerencangan nu tos lami 
bumen bumen di Hamburg nu ayeuna janten tatangga di ieu dayeuh, abdi tos 2 taun 
di dieu.
  Aduh, hoyong pisan dongkap ka eta festifal, hanjakal tebih.
  Ari Kang Salman alumni SMA3 oge? 

  TS
  
salman faridi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        bagea,
   
  GEningan Akang uninga ka maulana. Ah, linggih di bandung Kang? kaleresan aya 
loncing dinten saptu di Cisangkuy. manawi tiasa sumping dihaturanan. waktosna 
mah kirang langkung tabuh 10. sakantenan tiasa nongton konser angklung format 
festival internasional.
  Teras sateuacana, ping 30 agustus dinten kemis jam 04 bade on-air di mustika 
FM.
   
  kahoyong mah salami september diskusi teh badi nguriling sabudeureun bandung 
mah. meungpeung penulisna di bandung. rencanana bade "nalukeun" toko-toko 
gramedia sareng tempat2 buku sanesna.
   
  diantosan wae jadwal lengkepna.
   
  salman 

trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        Saha deui nu pangheulana mikareueus iwal ti indung bapana, sanajan 
leuleutikan, sanajan nabeuh angklung mah pagawean gampang, leuwih gampang manan 
kabeh nayaga, pun anak si cikal jeung panengah nembe saptu kamari munggaran 
latihan angklung nu diayakeun ku perkumpulan mahasiswa Indonesia di Hamburg. 
salian reueus ku kaajakna pun anak oge reueus kaseninan Sunda tiasa tampil di 
Eropah. Group angklung ieu saurna bade manggung dugi ka Desember aya kana opat 
kalina. Kapungkur mah basa Maulana kuliah di Hamburg, anjeuna pisan nu mimpin 
group angklung ieu teh, duka ayeuna, saha nu mimpin, ke urang taroskeun ka pun 
anak uih sakola.
  Sukses kangge Maulana, mugi PhD na enggal kenging. Anjeuna teladan, tiasa 
ngapopulerkeun kasenian sunda di eropah, utamina angklung jeung rampak kendang. 
 
   
  Kang Trias

salman faridi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      salam,
bagea ka baraya sadayana. bade nitip bewara yeuh. kamari haneut keneh paguneman 
ngeunaan angklung anu cenah dipatenkeun jadi bamboo malay ku urang malaysia.
Tah, luyu sareng "issue" di luhur, simkuring bade ngareuah-reuah ieu milis ku 
rencana terbitna buku 40 DAYS IN EUROPE: Kisah kelompok musik indonesia 
menaklukkan daratan eropa. 

Buku ieu mangrupikeun hiji memoar perjalanan grup angklung ti Bandung anu 
katelahna KPA 3, hiji grup angklung unit kesenian SMA 3 bandung, maen angklung 
ti hiji festival ka festival di Eropa. Rencanana bade launching di Cisangkuy 
(tentatif) ping 1 september 2007 dinten saptu. bilih baraya aya waktos. mangga 
dihaturanan. 

salman,
ps: upami teu lepat mah, penulisna malah kantos pendak sareng Pa Ganjar Kurnia 
anu tipayun janten atase kebudayaan di Prancis

Penerbit: Bentang Pustaka
Penulis: Maulana M. Syuhada (urang sunda, nuju sakola Ph.D di inggris)
Tebal: 572 hlm

mangga dititenan sinopsisna:
  Inilah kisah 35 musisi asal Indonesia yang tak pernah menyerah meskipun 
didera bencana keuangan dan bahkan terancam batal berangkat ke Eropa. Pada 
titik ekstrem semua kesulitan mereka berujung pada pilihan yang tak mungkin: 
menggelandang di Eropa atau pulang dengan berenang melewati selat Inggris!
  Walaupun tertatih, kelompok musisi yang membawa misi Expand the Sound of 
Angklung ini terus menebar pesona di seantero eropa. Berbagai kota mereka 
taklukkan. Semua terkesan. Semua takjub. Dan tangis pun pecah saat lagu 
Indonesia Raya mengalun pelan di senyapnya sudut-sudut kota Eropa. 

endorsemen:
  Dongeng petualangan Kang Mul mengatasi tantangan yang mestinya tidak mungkin 
diatasi ini merupakan sebuah ilham dan peringatan yang luar biasa. Buku ini 
adalah bacaan wajib untuk semua yang mau mengurus pentas seni di mancanegara.
  Simon Cook, Dosen gamelan Sunda di Royal Holloway University of London dan 
Pimpinan Lingkung Seni Sunda "Sekar Enggal" di London.
  
  
"Kegigihan  Maulana untuk membuat angklung  mendunia, alhamdulillah,  sudah 
berhasil didokumentasikan  dalam 40 Days in Europe. Melalui buku ini, 
mudah-mudahan apresiasi kita terhadap  salah satu kekayaan warisan budaya 
Indonesia ini  dapat terus  ditumbuhkembangkan, di tengah derasnya  arus budaya 
barat yang tak terbendung lagi."
  Sudaryomo Hartosudarmo – Konsul Jenderal RI di Sydney, Australia.
  
  “Buku ini menggambarkan kisah nyata tentang pengalaman sebuah misi kebudayaan 
dan persahabatan 35 anak-anak muda Indonesia dari grup angklung SMAN 3 Bandung 
ke Eropa. Saya bersyukur dan bangga atas semua keberhasilan yang telah dicapai 
dan saya percaya hal tersebut telah memberikan pengalaman dan pendidikan yang 
tinggi nilainya.
  Usaha dan perjuangan untuk mengaktualisasikan keinginan tersebut, sungguh 
mencerminkan semangat dan tekad yang luar biasa, dan ucapan selamat dan 
penghargaan yang tinggi perlu disampaikan kepada penulis yang dalam 
keterbatasan waktunya masih dapat menuliskan catatan-catatan peristiwa yang 
penting dan menarik.”
  - Wiranto Arismunandar, mantan Rektor ITB dan mantan Menteri Pendidikan RI
  

  


    
---------------------------------
  Building a website is a piece of cake. 
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.   




    
---------------------------------
  Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on Yahoo! TV.  
 




    
---------------------------------
  Shape Yahoo! in your own image. Join our Network Research Panel today!   




    
---------------------------------
  Got a little couch potato? 
Check out fun summer activities for kids.  

         

       
---------------------------------
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news, 
photos & more. 

Kirim email ke