Punten bade mairan ngeunaan Turki....
  Ka Mustafa Kemal, terang namina we mung kana sajarahna mah teu rada apal....
  Ngan abdi pernah ngaos "My name is Red" anu ngagambarkeun Turki dina zaman 
Khalifah.
  Dina buku "My Name Is Red" karangan Orhan Pamuk....(sesah pisan maca sareng 
ngartikeun ieu buku..sami sareng sesah pisan maca naon eusina Die 
Klaviespielierin (Guru Piano) : Elfriede Jelinek, sanaos akhirna ngartos ) 
kusabab seueur pisan silokana, plot anu campur aduk dipilin siga untun buuk, 
katunda wae teu acan rengse!. 
  Ngan abdi tiasa ngartoskeun yen Bangsa Turki gaduh dua budaya anu sami sami 
kuat pangaruhna. Nyaeta kulon(disebat bangsa Frank) jeung wetan....leres anu di 
serat ku Kang Waluya.Namung dina My Name is red kaciri pisan katugenah urang 
Turki duka bade ka eropa atanapi bade ka asia...
Caritana mah tukang ukir kaca karaajaan anu pinter pisan ngalukis kuda anu 
hirup siga nyaan, dina waktos khalifaha-an anu dipaehan ku jalmi (si hitam; 
misterius pisan).
  Istrina anu ngantosan, antara satia atanapi nikah deui? akhirna nikah deui 
kusabab pangaruh barat(Frank) sanajan teu kenging kusabab aya hukum 
islam(timur) kedah jelas heula kumaha, dimana jsb salakina?
  Nya intina mah Turki teh siga nagara anu bingung naha bade ka Asia atanapi ka 
eropa sabab secara geografis daerahna sebeulah leutik aya di eropa , sabeulah 
deui aya di asia. Sanajan ayeuna lebet ka Europa Union. Meh makmur jeung leuwih 
keren we sigana mah upami asup eropa.
   
  Sahman
   
   
  
Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Pirbados kantos ka Turki, persisna ka Antalya (Anatolia) ti ping 21 
dugi ka ping 24 November 2006. Saptu, ping 25, wangsul tapi transit sadinten di 
Istanbul.
  
  Salami di Turki, anu kapendak ku pribados:
  
    
   Urang Turki tiasa miara basa aslina (basa Turki) sareng budaya warisan 
karuhunna (kalebet titinggal kapurbakalaannana, henteu diancurkeun teras 
digentos ku nu anyar). Basa Arab dianggo dina hal-hal kaagamaan.  
   Urang Turki tetep ngagem Islam sanaos basa sareng budaya lokalna dicepeng 
pageuh. Tiap anu ditaros ku pribados naon agamana, pada ngawaler Islam. Teras 
masjid meni seueur pisan, katingalina langkung seueur ti Endonesia.
  
  Jigana peran Mustafa Kemal ageung dina ngalanggengkeun budaya asli (muatan 
lokal) di Turki. Mangga diantos pedaran salajengna, bah.


Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     


      Recent Activity
    
      11
  New Members

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

      Y! Messenger
  Instant hello
  Chat over IM with
  group members.

    Real Food Group
  on Yahoo! Groups
  What does real food
  mean to you?

    Yahoo! Groups
  Join a yoga group
  and take the stress
  out of your life.



  .

 
         


www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux
 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke