Leres abdi :) Kang Salman editor ti Bentang Pustaka? Wilujeng tepang.. :) Ka Bandung? Henteu dina sasih-sasih ieu. Insya Allah jaga.. ;-)
Wassalaam, Dian. On 8/23/07, salman faridi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ke ke ke ... ieu teh kang dian anu ngangge kaca mata kitu? anu aya dina foto sabilulungan? euleuh upami leres teh meni nyararambung. tiasa sumping ka bandung? salman *Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: Grup Angklung Hamburg pami teu lepat ayeuna dikokojoan ku kang Agustinus Tedja. Padamel IT di Hamburg, sobatna Maulana, rerencangan abdi oge :). Salian eta, kang Maulana oge janten narasumber workshop angklung di Munich taun 2005, saterasna ngawangun grup Angklung Munchen oge anu aktip keneh dugi ka ayeuna ( http://swadaya-muenchen.de/?q=Angklung). Salam, Dian. On 8/23/07, trias santosa < [EMAIL PROTECTED]> wrote: Saha deui nu pangheulana mikareueus iwal ti indung bapana, sanajan leuleutikan, sanajan nabeuh angklung mah pagawean gampang, leuwih gampang manan kabeh nayaga, pun anak si cikal jeung panengah nembe saptu kamari munggaran latihan angklung nu diayakeun ku perkumpulan mahasiswa Indonesia di Hamburg. salian reueus ku kaajakna pun anak oge reueus kaseninan Sunda tiasa tampil di Eropah. Group angklung ieu saurna bade manggung dugi ka Desember aya kana opat kalina. Kapungkur mah basa Maulana kuliah di Hamburg, anjeuna pisan nu mimpin group angklung ieu teh, duka ayeuna, saha nu mimpin, ke urang taroskeun ka pun anak uih sakola. Sukses kangge Maulana, mugi PhD na enggal kenging. Anjeuna teladan, tiasa ngapopulerkeun kasenian sunda di eropah, utamina angklung jeung rampak kendang. Kang Trias

