Heheh...manawi teh pameget mah resep we nu aya...komo abdi ningalina meuni isin 
nyalira.
Muhun, leres saur Bah Willy panginten dangdutan teh tujuanana ngaleupaskeun 
"tekanan-tekanan" nu nuju kaalaman.
Dinten 17an kantos mapay rimot TiPi, ningali saliwat dina acara Mama Mia, 
harita acarana ngahibur petugas Paskibra. 
Duh Gusti... eta mah Pembina dipiwarang kapayun bari disuguhan .... meuni 
dipuir-puir kituw!
Hawatos teu puguheun ni luut leet kesang... Piranage dangdutan, teu jiga 
ngalatih Paskibra...bari clengok disun ku biduanna...beuki we paburisat! 
heheh...

Supados teu "ngondang birahi" kumaha pami dangdutan diseragamkeun we atuh jiga 
tentara?
Nu nganggo "Jurus hiji" tea ningan... 
Teu nyeepkeun tempat, curuk dikaluhurkeun hiji, nu hijina deui dikapengkerkeun 
ngacung oge pengkereun imbit, sampean engke-engkean bari muir didinya-dinya 
keneh. Pami hoyong seueuran & rada heboh modelna tiasa jiga 
Poco-poco....heheh...

ro2

>>> [EMAIL PROTECTED] 08/24/07 08:29AM >>>

Lirik eta leres pisan matax ngakses langsung kana pikiran kotor, padahal 
tujuana mah meureunan "peureum atawa sare"

Aya deui lirik dangdut anu jiga ngajurus kana Narkoba padahal lain, contona
Laguna urang Tasik nyaeta Sabu-Sabu  alias sarapan bubur

Bakat ku hayang terkenal tur payu laguna disurumpat-serempet kanu jelas-jelas 
dilarang boh ku Agama atawa Pamarentah.

meureun.......
Kebo

----- Original Message ----- 
From: trias santosa 
To: [email protected] 
Sent: Thursday, August 23, 2007 8:43 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] "dangDUT" haram di Cianjur?


Aya deui nu kudu diperhatoskeun, sanes dangdut baek, tapi kabel jenis musik. 
Nyaeta lirikna.
Contona: Lagu cucakrowo, ceuk abdi mah teu sopan pisan,
sareng hiji deui nu dinyanyikeun ku Elvi Sukaesih, hilap deui judulna, nu kieu 
tea geuning:
Bulu bertemu bulu
kulit bertemu kulit
makin bertambah lama
semakin nikmaaaaaaat rasanya............

TS

Kirim email ke