Teh roroh, jurus hiji mah ngorong atuh? Kang dul bakal nungtut royalti!
--- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Heheh...manawi teh pameget mah resep we nu aya... komo abdi ningalina meuni isin nyalira. > Muhun, leres saur Bah Willy panginten dangdutan teh tujuanana ngaleupaskeun "tekanan-tekanan" nu nuju kaalaman. > Dinten 17an kantos mapay rimot TiPi, ningali saliwat dina acara Mama Mia, harita acarana ngahibur petugas Paskibra. > Duh Gusti... eta mah Pembina dipiwarang kapayun bari disuguhan .... meuni dipuir-puir kituw! > Hawatos teu puguheun ni luut leet kesang... Piranage dangdutan, teu jiga ngalatih Paskibra... bari clengok disun ku biduanna...beuki we paburisat! heheh... > > Supados teu "ngondang birahi" kumaha pami dangdutan diseragamkeun we atuh jiga tentara? > Nu nganggo "Jurus hiji" tea ningan... > Teu nyeepkeun tempat, curuk dikaluhurkeun hiji, nu hijina deui dikapengkerkeun ngacung oge pengkereun imbit, sampean engke-engkean bari muir didinya-dinya keneh. Pami hoyong seueuran & rada heboh modelna tiasa jiga Poco-poco....heheh... > > ro2 > > >>> [EMAIL PROTECTED] 08/24/07 08:29AM >>> > > Lirik eta leres pisan matax ngakses langsung kana pikiran kotor, padahal tujuana mah meureunan "peureum atawa sare" > > Aya deui lirik dangdut anu jiga ngajurus kana Narkoba padahal lain, contona > Laguna urang Tasik nyaeta Sabu-Sabu alias sarapan bubur > > Bakat ku hayang terkenal tur payu laguna disurumpat-serempet kanu jelas-jelas dilarang boh ku Agama atawa Pamarentah. > > meureun....... > Kebo > > ----- Original Message ----- > From: trias santosa > To: [email protected] > Sent: Thursday, August 23, 2007 8:43 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] "dangDUT" haram di Cianjur? > > > Aya deui nu kudu diperhatoskeun, sanes dangdut baek, tapi kabel jenis musik. Nyaeta lirikna. > Contona: Lagu cucakrowo, ceuk abdi mah teu sopan pisan, > sareng hiji deui nu dinyanyikeun ku Elvi Sukaesih, hilap deui judulna, nu kieu tea geuning: > Bulu bertemu bulu > kulit bertemu kulit > makin bertambah lama > semakin nikmaaaaaaat rasanya............ > > TS >

