Kasadaran kana waktu teh eta salah sahiji ciri (indikator) udagan 
widang budaya-atikan, nyatana moral manusa kana waktu (MMT). Hal eta 
karek pisan ditepikeun ku Kang Hidayat Suryalaga dina riungan 
ngeunaan budaya jeung etos kerja masyarakat Jabar, Saptu kamarina 
jeung dina riungan FGD Jabar 2007 widang kabudayaan, 2 minggu anu 
geus kaliwat.

Pedaran ngeunaan waktu anu diposting ku Kang Ahmad ieu ngarupakeun 
hiji jenis kabeungharan ikon masyarakat urang ngeunaan waktu, 
palebah waktu siklis (waktu anu muter). Aya dua deui jenis waktu 
dina budaya urang, nyaeta: waktu linier (anu nerus), jeung waktu 
kaabadian (alam akherat. Sakabehna, sakuduna mah memang jadi 
kasadaran urang sarerea.

bakttos,
manAR

ciri udagan atikan
--- In [email protected], "Ahmad Sopiani" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Ngaran Wanci :
> 
>  
> 
> Janari Leutik : Tabuh 01.00 - 03.00
> 
> Janari Gede : Tabuh 03.00 - 04.30
> 
> Balebat ; Tabuh 04.30
> 
> Carangcang Tihang : Tabuh 04.30 - 05.00
> 
> Rebu-rebun : Tabuh 05.00 - 06.00
> 
> Haneut Moyan : Tabuh 07.00 - 08.00
> 
> Pecat Sawed : Tabuh 09.00 - 10.00
> 
> Rumangsang : Tabuh 11.00
> 
> Manceran : Tabuh 12.00
> 
> Lingsir Ngulon : Tabuh 13.00
> 
> Panon Poe Satangtung : Tabuh 15.00
> 
> Tunggang Gunung : Tabuh 16.00 - 17.00
> 
> Sariak Layung : Tabuh 17.00 - 17.30
> 
> Sareupna : Tabuh 17.30 - 18.00
> 
> Harieum Bengeut : Tabuh 18.00 - 19.00
> 
> Sareureuh Budak : Tabuh 19.00
> 
> Sareureuh Kolot : Tabuh 21.00
> 
> Tengah Peuting : Tabuh 24.00
> 
>  
> 
> (Dicutat ti Unak-Anik Basa Sunda, ku Dedi S.Pd)
> 
>  
> 
> Rek mulaian deui ah nganggo ngaran wanci kagungan diri pribadi. 
Jadi ke
> deui mah mun aya nu naros ¡°jam baraha asuk gawe euy?¡± rek di 
jawab
> :¡¯Haneut Moyan!¡¯
> 
>  
> 
> Wassalamualaikum.
> 
>  
> 
> Ahmad Sopiani
> Package Team
> 
> R & D Group
> AV Factory
> 
> LG Electronics Indonesia
> Block G MM 2100 Industrial Town
> Cibitung - Bekasi 17520, West Java, Indonesia
> Mail : [EMAIL PROTECTED]
> Tel  : +62-21-8989418
> LGÀüÀÚ
> 
> Kunjungi dan bergabunglah dengan kami di Dana Abadi Pemberdayaan 
Ummat :
> 
> http://dapu. <http://dapu.blogsome.com/> blogsome.com/
>


Kirim email ke