Kuring panasaran hoyong ngomentaran FGD Jabar 2007.
Namung waktosna samporet pisan.
Nitenan naon-naon anu dipostingkeun ku Kang Oman,
kuring jadi emut kana film anu boga lalakonna Tom
Cruise tea, nyaeta "The Last Samurai". Film anu pinuh
ku simbol-simbol perjuangan Nagri Jepang jadi nagara
modern.
Upami diibaratkeun, Kang Oman teh sapertos jagoan Tom
Cruise dina film The Last Samurai. Atuh para
Samuraina, nyaeta Abah Hidayat Suryalaga, pa Wahyu
Wibisana sareng Pa Yayat Hendayana. Ari Kaisar
Jepangna saha?
Pertarungan budaya tradisional sareng budaya
modernitas, jigana hese diamprokkeun, komo deui bisa
jadi sinergi. Margi realitas anu aya di masyarakat
sareng persoalan karuwetan tata kelola pamarentahan,
meryogikeun solusi sacara administrasi modern.
Sapertos ayeuna, masalah anu "menonjol" di Jawa Barat,
nyaeta perkara teu aya pangawasa anu jadi picontoeun
sareng korupsi di kalangan pengelola pamarentahan anu
mahabu dimana-mana. Upami hoyong milarian solusi,asana
teh "Pijakanana" sanes "mengedepankan" solusi budaya
dina harti sempit, tapi kumaha birokrasi pamarentahan
anu trasnparan, bersih jeung akuntabel.
Kuring asa satuju upami dina masalah ieu diwacanakeun
di institusi anu dipupuhuan ku Kang Dede Mariana. Komo
deui kang Dede tos ngarengsekeun disertasi doktorna
perkawis korupsi, hiji "budaya" anu ngarusak pengelola
pamarentahan di Jawa Barat.
perkara kahoyong para the last samurai, tiasa ngeusian
pangwangunan kapayun di Jawa Barat, mangga wae tiasa,
tapi kedah dina dadasar tatakelola administrasi
modern, sanes anu janten dadasar anu utama. Margi teu
sadaya pengelola pamarentahan di Jawa barat gaduh
"kesadaran" atanapi pangaweruh dina widang kabudayaan
dina hartos sempit.
panutup, jiga ending film The Last Samurai, ngan
pedangna wae anu janten simbol para samurai anu
ditampi ku kaisar jepang. Lamun simbol kaisar jepang
eta di urang nyaeta masyarakat umum Jawa Barat anu
heterogen, naha kinten-kintenna tiasa nampi "pedang"
ti para Samurai? Hiji PR kumaha carana sangkan tiasa
ngigelan jaman.
baktos,
mrachmatrawyani
--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tina FGD Jabar 2007 widang Kabudayaan (5) :
>
> NGIGELAN JEUNG NGIGELKEUN PAJAMANAN (1)
>
> 1. Panganteur
>
> Dina catetan juru tulis riungan, anu biantara
> sabada Kang Wahyu Wibisana (KWW) teh nyaeta Kang
> Hidayat Suryalaga (KHS). Tina sadaya anu hadir dina
> riungan FDG ieu, nya KHS anu minangka pangsiapna.
> Eta wae, pikeun ngawadahan naon rupa pikiranana, KHS
> nepikeun tilu makalah (2 hardcopy, 1 file
> elektronik) keur bahan diskusikeuneun. Guaranana,
> sakumaha biasa, panceg dina galur anu salila ieu
> dikeureuyeuh ku anjeunna: moral atau adab hirup
> kumbuh sapopoe, jeung atikan anu sakabehna
> difokuskeun mimitina ka rahayat loba.
____________________________________________________________________________________
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel
and lay it on us. http://surveylink.yahoo.com/gmrs/yahoo_panel_invite.asp?a=7