Leres Kang, pintonan 10.000 angklung ieu lebet rekor MURI, kamari aya wartana dina TV. Leuh, waas pisan, malah rada rek merebey cipanon waktu ningal para inohong guru besar dina saragamna nyarepeng angklung bari giak ngoyagkeunana waktu komando mparin aba- aba. Paromanana sadayana bingah tur reueus kana angklung.
Hate rada ngalamun, ngabayangkeun di Punclut, di lahan salah pasir- pasir anu ngurilingan Bandung - anu ceuk ceunah jadi wewengkon konservasi - ting runggunuk kebon awi. Di beulah tengah, di hiji padataran anu cukup lega aya panggung. Panggung terbuka tea. Terus, dina waktu-waktu tinangtu aya pintonan angklung, boh ti masyarakat atawa ti model paguron luhur siga kamari. Bari, disakuringna rentul saung baca buku da pagigir-gigir jeung- malah sabagean aya di jero - desa buku tea, sakumaha usulan MH dina hiji kasempetan ngobrol via chatting. Katuliskeun kitu ieu lamunan? Tinimbang Punclut jadi bahan pasea nepi ka ayeuna teu aya program anu nyata. Asana leuwih hade lamun Pamarentah atawa saha bae anu boga lahan di dinya ngajadikeun Punclut (lahanna di Punclut) salaku desa buku jeung desa angklung. Biayana ti mana? biasana ari geus dimimitian mah sok pada ngarojong. Sugan wae atuh. Ala kuli hal, wilujeng ka Kang Ganjar sareng UNPAD-na- saurang tina pohara sakeuetikna jalmi ti rengrengan guru besar, malah rektor - anu icikibung di milist. Pamugi wae panaratasna dina garapan ngahudangkeun deui budaya angklung dipiconto ku sadayana. baktosna, manAR --- In [email protected], Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Cenah mah ieu pintonan teh lebet rekor MURI. > > Zugan wae atuh tiasa oge lebet kana guiness book of record. > > Salam, > Asep > > MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Pangalaman Pa Rektor Unpad (Kang ganjar Kurnia) di > Perancis sababaraha taun, tiasa janten potensi > ngaronjatkeun Unpad janten salah sahiji paguron di > Indonesia anu tiasa ngangkat harkat darajat kabudayaan > sareng kasenian tradisional "mengglobal". > Wilujeng kanggo kang Ganjar. > > baktos, > > mrachmatrawyani > > --- hadingrh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Hatur nuhun kana koreksina. > > > > --- In [email protected], kumincir > > <kumincir@> wrote: > > > > > > Lepat 'sakedik'. Angklung teh kasenian buhun nu > > umurna geus ratusan > > taun. > > > Peran Daeng Sutigna mah dina ngembangkeun angklung > > anu asalna pentatonis > > > (daminatilada) jadi diatonis (doremifasolasido). > > > > > > On 8/27/07, hadingrh <hadingrh@> wrote: > > > > > > > > Seni angklung adalah hasil karya (Alm) Daeng > > Sutigna (1938), yang > > > > kemudian dilestarikan selanjutnya oleh Udjo > > Ngalagena. > > > > > > > > > > -- > > > sikandar > > > kumincir.blogspot.com > > > > > > > > > > > __________________________________________________________ > Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows. Yahoo! Answers - Check it out. > http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545433 > > > > > > Asep > > > --------------------------------- > Need a vacation? Get great deals to amazing places on Yahoo! Travel. >

