Mugia gagasan / udagan anu sae ieu tiasa dugi ka inohong anu pakait, sareng mugia diijabah ku nu Maha Kawasa.
Baktos, Asep ----- Original Message ---- From: Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, August 28, 2007 12:54:39 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Angklung yang mengglobal Hate rada ngalamun, ngabayangkeun di Punclut, di lahan salah pasir- pasir anu ngurilingan Bandung - anu ceuk ceunah jadi wewengkon konservasi - ting runggunuk kebon awi. Di beulah tengah, di hiji padataran anu cukup lega aya panggung. Panggung terbuka tea. Terus, dina waktu-waktu tinangtu aya pintonan angklung, boh ti masyarakat atawa ti model paguron luhur siga kamari. Bari, disakuringna rentul saung baca buku da pagigir-gigir jeung- malah sabagean aya di jero - desa buku tea, sakumaha usulan MH dina hiji kasempetan ngobrol via chatting. Katuliskeun kitu ieu lamunan? Tinimbang Punclut jadi bahan pasea nepi ka ayeuna teu aya program anu nyata. Asana leuwih hade lamun Pamarentah atawa saha bae anu boga lahan di dinya ngajadikeun Punclut (lahanna di Punclut) salaku desa buku jeung desa angklung. Biayana ti mana? biasana ari geus dimimitian mah sok pada ngarojong. Sugan wae atuh. ____________________________________________________________________________________ Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows. Yahoo! Answers - Check it out. http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545433

