nuhun mj infona, puguh geus rada lila teu aya beja tah pabukon teh. sugan we
beuki nambahan nu macana. ari posisina mah kawilang strategis, eta pabukon
teh deukeut ka dua sakola dasar jeung hiji smp. mun teu salah harita, geus
aya oge tatangga nu mimiti resep maca, utama buku-buku ngeunaan tatanen
jeung agro bisnis. hehehe. meureun sarupaning buku nu ngabahas kumaha mira
belut, entog, hayam jeung sajabana. kitu deui buku nu ngabahas tatacara
nyieun tahu, tempe, kurupuk, atawa naon wae. ari kahayang mah, rek nyieun
tempat  nu merenah, ngan can  kagarap we, sugan kaduga  rek disaungan, ngan
duka teuing iraha. ari lahan mah asana geus aya, kari ngolo kolot barudak
we.

nuhun.
mh

On 8/28/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Tadi peuting aya SMS ti kang Hadi, raina Kang Hasan nu ngurus Pabukon
> Sarkanjut Garut
>
>
>
> As we we pa kumaha damang?
>
> Abdi pa hadi ti grt raina kang harja anu ngembankeun minat baca anak lewat
> perpustakaan
>
> Alhamdulillah bantosan ti bapa tipayun tos katampi peminat lumayan
> nambihan. Hapunteun abdi
>
> Nembe ngasih kabar deui.
>
> Wassalam htr nuhun
>
>
>
> Si kuring ngan males, nuhun, da keur aya di tengah acara. Tadi peuting
> keur maturan si ua Sasmita jadi panyatur perkara KUSnet di hareupeun
>
> Barudak peserta Pelatihan Kepemimpinan Pemuda Sunda ka 6 di Gedung
> Patriot, Kodiklat TNI AD Lembang
>
> Eta program minangka kamelang para inohong Sunda di Jakarta nu gabung di
> Gema Jabar (Gerakan Masyarakat jawa barat) pikeun
>
> Mekelan sarupaning wawasan ka barudak. Pesertana ampir saratusan barudak
> Sunda ti kampus2 jakarta bogor bandung.
>
>
>
> Samemehna, ngulem Pak Dr. SB Hari Lubis, dosen Teknik Industri ITB oge SBM
> itb. Masihan materi Management. Anjeuna doktor ahli organisasi ti Perancis.
>
> Bataknya? Enya, tapi lahir di Tasik jeung geus leuwih Nyunda tibatan si
> kuring. Nyarios Sundana oge rengkuhna, gesture jeung adabna, geus tipe Sunda
> menak. oge cenah ngalanggan Mangle.
>
>
>
> Ketua panitia saha? Si Andi Chinook tukang kaos tea. Taun kamari si eta
> miluan program eta di daerah pupuk Kujang Cikampek.
>
>
>
> Ua Sas medar soal KUSnet ti A nepi ka Z. si kuring mere conto kang Yaya di
> Seoul Korea, oge nu sanes, kalebet Kang Rachmat di Airbus Inggris, kang
> Trias Santosa di Airbus Hamburg, Bah Joe di NYC. Pikeun mere sumanget
> sangkan barudak  ayeuna laludeung, teuneung, wanian, sukur mun palinter
> pisan. Oge mencar pikiranana, ulah kurung batokeun, mun bisa batokna jual
> we. Hehe.
>
>
>
> Ngan aya hanjakalna, aya baliho gede, gambar tangtara, tulisana, TNI AD
> benteng terakhir pertahanan Negara. Eh, naha bet benteng terakhir, nya?
>
> Kudu mah, tangtara mah atuh pang hareupna, jendral!
>
>
>
>
>
> Mj
>
> Geocities.com/mangjamal
>
> No virus found in this outgoing message.
> Checked by AVG Free Edition.
> Version: 7.5.484 / Virus Database: 269.12.9/975 - Release Date: 8/26/2007
> 9:34 PM
>
>  
>

Kirim email ke