Hayangna mah hayang ngaduruk pabrik rokok teh... tapi ku sabab ngaduruk pabrik na mah bisi dicangkalak ku pulisi, nya ayeuna mah urang beuleuman we rokona, nungtutan...hiji-hiji... nya ? hi hi
-dul- --- In [email protected], "Kebo Hideung" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Atuda teu rek nyandu kumaha, ti jaman mamake calana sontog biru geus dialajar udud bari nagog. Alatan udud salian ti ngaruksak awak matak jadi dosa deuih, da eta dosana mah ngabobodo kolot. Hayoh we mentaan duit..pajar teh keur meuli buku paket atawa keur kaperluan sakola padahal mah keur meuli udud. > > Komo tukang ngorong mah enya Kang Ndoell, upama geus "ngadoging' (dahar rencangna endog atawa daging) gigireun sakola, geus pasti melenyun udud sabeakna bako nepi ka rata jeung filterna, pokona kuntung teh euweuh pulungeuna heuheuheu... > da eukeur mah udud panungtungan mah pang nikmatna. > > Kolot baheula mah (khususna dilembur kuring) mun nyarek udud ka budak teh kieu babasaana "Sujang montong udud siah, leutik keneh..! ke mun geus bisa neangan duit sorangan heug bae rek udud mah." > Da enya lolobana babaturan di lembur anu bareuki udud, tisaprak maranehanana bisa nyiar duit sorangan. "Ah...aing hayang udud, urang dagang udud we di Jakarta." > Teu saeutik barudak anu teu neruskeun sakola jadi nyandu kana udud alatan bisa nyiar duit tina ladang dagang ududeun, sok geura kang Ndoell tanya anu dagang asongan udud atawa anu dina kios leutik anu ngadaplok na trotoar, "Kang ti Cibingbin sanes?" > > Kang Ndoell urang eureun udud yu....saeutik-saeutik we eureun na mah, mimiti ti rek sare dugi ka hudang sare urang eureun udud. > > Kebo > > > ----- Original Message ----- > From: ndoell > To: [email protected] > Sent: Wednesday, August 29, 2007 10:30 AM > Subject: [Urang Sunda] Re: Fw: [forum-pajak] OoT : Kecanduan Rokok ? > > > Enya... > barina oge hararese pisan dititah eureun ngaroko teh.. > cik atuh malikir euy. Apan ngaroko teh ngarusak kasehatan. > Sakitu dina bungkus roko-na ngajeblag, aya tulisan > keur pepeling keur nu sok arudud. Cik atuh regepkeun... > -------- disundut saparo...

