How are you ?
  
  NilemEnglishConversationClub nu ditaratas ku baraya Bandung
  sababaraha sasih kapengker alhamdulillah parantos tiasa masihan
  sumbangsih ka para aggotana nu kagungan cita-cita hoyong faseh
  dina basa Inggris sacara lisan.Oge dina riungan dinten Minggu teu
  sakedik nu balaka yen ayeuna mah cenah geus ngabogaan pe-de
  (Self-confident) atawa kawani ngadubako dina ieu basa deungeun.
  Kitu deui sababaraha anggota nu masih keneh kalebet level
  'lelengkah halu', kawani jeung sumangetna ayeuna mah langkung
  ngagedur batan mundur. Tandaning yen wani 'pasea' dina basa
  Inggris teh ngalahirkeun rasa pe-de.
  Moal matak heureut deuleu pondok lengkah,oge ageung paedahna,
  kitu cenah numutkeun pamadegan sababaraha anggota NECC liana.
  Kukituna saha wae tiasa sumping ka ieu kleub basa Inggris. Mangga
  diantos di
  T e m p a t    :   Nilem V/2 Buah Batu Bandung
  D i n t e n     :   Minggu  -  02 September 2007
  W a k t o s   :   15.30  -  lekasan
  
  Baktos
  Misan . .
  
  
       
---------------------------------
Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.

Kirim email ke