Wilujeng Mj oge ka Kusnet, bingah kacida ngupingna. Tina ruang-riung di internet, ayeuna Kusnet tos tiasa maparin beasiswa. Tina sagala rupa wacana padungdengan soal budaya (dina harti heureut atawa lega), ngamuarana mah teu aya deui iwal ti kana pasoalan atikan: urang Sunda kudu nyangking atikan sakabehna, minimal sakola dasar. Lebah dieu, strategis pisan ieu porgram beasiswa teh.
Kalawan harepan jeung pangdu'a anu gede(jeun teuing karek bisa ngaharep jeung ngadu'a oge), muga-muga ka payun seueur balad-balad warga Kusnet anu maparin donasi kanggo ieu program beasiswa Simpay Katresna, Kusnet. Wilujeng. manAR --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Program Beasiswa yayasan perceka Kusnet nu dingaranan Beasiswa Simpay > Katresna tos ngawitan dilaksanakeun. Tadi ditransfer ka rekening kades > Linggajati Cilimus Kuningan, kanggo sasih September 07. Insya Allah dugi > ka September 08. sataun. > > daptar nu nampi beasiswa ditangkodkeun dina file excel. oge disimpen di > file BSK di lebet groups.yahoo.com/group/urangsunda. > > Program pabukon punten rada telat. kamari bebenah heula karep da sakola > deui tea. > > mj > > http://geocities.com/mangjamal >

