Leres Wa Sas, abdi ge nembe terang aya Perda 5/2003, nuhun Teh Ika tos masihan terang. Punten tapi ieu mah nyaaa* salaku warganegara abdi nengetan, urang Indonesia mah meuni kalersaan ngadaramelan Perda * clo diditu, cle didieu Perda ditanceb-tancebkeun dina plang disisi jalan, tapi angger weee* ku masarakat teu ditolih, komo digugu mah* Hiji conto we, tukang dagang nu sampeanana aya lima (PKL), daragang disisi jalan payuneun pisan plang perda nu lebetna teu kenging icalan di bah dinya* Perda-perda* dirumpak mah dirumpak*heheh. Mugi Perda nu ieu mah teu kitu nya Teh, tiasa dilaksanakeun kalayan lungsur langsar. Amin.
Enjing kamari biasa we noongan koran PR, aya seratan ngeunaan Kang Miki, diaos & ditingali gambarna sakolepat. Meuni hoyong ningali jalmina sareng cara nyariosna, saurna "Nyunda" pisan. Eh, kaleresan wengina ningali acara Golempang di Bandung TV aya Kang Miki & Kang Hawe, saurang Profesor he love deui namina & nu sanesnamah maklum dua jalmi ieu sering pisan dicarioskeun dina milis ieu. Aranjeuna ngabahas masalah teater Sunda. Wah, enyaan abdi mah meuni kataji ku Kang Miki, sakitu urang Jepun tapi meuni siga pisan urang Sunda, nyariosna, rengkuh-rengkuhna, eta silana meuni mendeko* Nu lucu mah Pa Profesor rada "riweuh" nyarios Sunda, sareng aktor pamaen teater sagemblengna nyarios ku Basa Indonesia padahal anjeuna bade janten lalakon di teater Sunda heheh* eleh ku Kang Miki. Aeh kaleresan deui, dinten Minggu kamari ningali Uwa Sas nuju diwawancara ku presenter Aang ti STV nuju ngabahas ngeunaan Rumah Baca Buku Sunda, daluang & tangkal Saeh, wilujeng Wa. ro2 Re: [Urang Sunda] daya hidup basa sunda-tina diskusi Perda 5/2003 Hatur nuhun Ua infona. Upami teu lepat perkawis dana APBN kanggo nerbitkeun buku didugikeun oge dina diskusi dinten Saptu, saur rerencangan nu hadir. Kanggo abdi mah kaget oge, gening aya dana sakitu ageungna tina APBN, jigana teu kalaporan tah Gubernur oge. Info ti Ua janten bahan kanggo ngalengkepan laporan hasi diskusi kemis. Sakedahna mah diayakeun deui diskusi nu langkung daria pikeun evaluasi perda 5/2003 teh. Supados jelas naon wae nu atos atawa acan dilakukan ku Pemda. Oge keur netepkeun naon wae nu kudu dilakukeun ka hareupna. Panginten urang antosan ti Disbudpar kanggo ngayakeunana. Diskusi dinten kemis mah itung-itung ngamimitian, da saenyana karek diobrolkeun deui tah si Perda teh. Sakali deui hatur nuhun. -ika- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: *. Hal kadua nu rek ditepikeun teh, hal data anu ngajugjug ka Rumah Baca Buku Sunda, ceuk eta data nu ngajugjug teh beuki nambahan, hartina buku basa Sunda aya nu maca keneh, teu kudu salempang teuing basa Sunda bakal leungit, lolobana nu datang teh masyarakat umum (lain pelajar, lain mahasiswa) boa nyahoeun boa henteu ayana Perda No.5/2003, tapi tetep we daraekeun maca. Ana kitu golontoran we atuh masyarakat teh ku buku buku Sunda, buku teh sing nyebar ka suklak siklukna, jeung deuih nu disebut buku basa Sunda teh ulah wungkul hal sastra atawa kasenian, tapi bisa bae dina hal tatanen, melak tomat, melak melon dijieun bukuna ku basa Sunda, miara lele, miara gurame ku basa Sunda, hal kasehatan ku basa Sunda, kaasup hal global warming alus lamun ku basa Sunda, ngamumule leuweung, jste. MSasmita

