Sumuhun kang, hayu urang rereongan ngabantos neng roro anu nuju dina
kaprihatinan. Abdi mah bade meser anu kelirna beureum wae. Jumlah-jamlehna
sabaraha tah neng roro?
trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Euleuh
hawatos teung neng Roro, eta barang bade diical sabaraha sakilona, abdi meser
tilu kolo bae mah. Diantos di rorompok, bade dipaketkeun atanapi di jingjing
kunyalira mangga teu langkung.
TS
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng wayah kieu,
Baraya, neda dihapunten sateuacana....
Saleresna simkuring ngaraos isin bade ngedalkeun kaprihatinan di milis ieu,
tapi kumaha deui da kaayaan sim kuring nuju tigerat pisan.
Sim kuring gaduh kawajiban mayar sambetan sareng kaperyogian sanesna nu kedah
enggal-enggal dibereskeun.
Ieu mah bakat ku kapaksa sareng tos teu asa jeung jiga sareng baraya Kusnet
teh...
Numawi abdi nyuhunkeun bantosan.
Sanaos sim kuring peryogi pisan bantosan baraya, tapi sim kuring teu raos
upami kedah janten "balamaen" mah...
Sim kuring bade ngical harta banda nu masih aya keneh...
Pami diantawis baraya aya nu bade ningalian, mangga diantos dinten Minggu di
rorompok sim kuring.
Pangaos tiasa ditawis, nu penting tiasa enggal pajeng.
Bilih bade ningali heula barang naon bae nu bade diical, sumangga ditingali
dina pail nangkod.
Hatur nuhun pisan,
ro2
---------------------------------
Building a website is a piece of cake.
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.
Asep
---------------------------------
Pinpoint customers who are looking for what you sell.