Namung, upami ditingali dina Google Earth, leuwueng di Kalimantan sareng
Sumatera teh tos seep didurukkan. Saena ayeuna mah leuweung di Sarawak wae anu
di duruk teh.
Nyabit-nyabit leuweung. Asa ku lebar temen, seueur leuweung anu ilang di
Indonesia teh. Untungna, upami ningali gambar di Google Earth, leuwueng di
tatar Sunda mah masih aya. Peupeujeuh ti pribados, anggota masarakat, ka
pamarentahan daerah di Tatar Sunda supados eta leuweung dijaga
kalanggengannana. Sing rajin ningalian lega leuweungna tina gambar satelit.
Upami peryogi, cobian program rakgantang (gerakan gandrung tatangkalan) sapetos
kapungkur. Upami peryogi kanggo nyumponan kabutuhan papan (perumahan) mah tos
wae gunakeun lahan anu garing anu aya, ulah ekspansi deui. Upami palay
ekspansi, damel wae regulasi supados ekspansina ka luhur ku jalan ngadamel
rumah susun atanapi apartemen, sapertos di nagara-nagara sanes. Karunya ka
leuweung, paru-paru dunya. Karunya ka dunya, janten langkung panas.
Salam,
Asep
Dena <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Maca arogansi ka
urang Indonesia (maranehna nyebut
"Indon" da lecehan tina Indonesia) matak ngagugudug
nafsu. Komo pamingpin urang mas SBY sareng daeng JK
katut menlu na meni teu paduli pisan kana disiksana
WNI di malay. sabenerna mah gampil cara naklukeun
malay teh, kirim dei haseup saloba-lobana ti sumatra
jeung kalimantan. Ulah dieureunan saacan
ampun-ampunan bari ngalungsar jeung bengek mah!
Asep
---------------------------------
Building a website is a piece of cake.
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.