Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Date: Sun, 2 Sep 2007 03:15:51 
-0700 (PDT)
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: Asal Usul Jelema?
To: [EMAIL PROTECTED]

   Kahatur kang Maman, kang Arya Kusumah, sareng para wargi sanesna,
   
  Punten ah pribados ngawantunkeun ngadugikeun logika pribados dumasar kana 
elmu Fisika anu parantos diatikkeun ku guru sareng dosen belasan taun kapungkur.
   
  Numutkeun elmu agama, ari jalmi diwangun ku fisik sareng roh. Hal-hal fisik, 
katingalina tiasa disusud ku logika manusa. Ari hal-hal anu nyangkut roh mah 
goib, janten aya di luar kamampuan manusa kanggo nyusudna. 
   
  Kanggo hal-hal fisik, logika pribados ngeunaan fisik Adam sareng mahluk 
sanesna mah kieu:
   
   Numutkeun elmu fisika, mung aya dua kaayaan wujud / fisik di alam, anu 
kahiji nyaeta materi (anu karakteristikna gaduh massa), ari anu kadua nyaeta 
enerji (anu karakteristikna gaduh gelombang), contona cahaya.
   
  Asam Amino, anu luruh murag ka taneuh hasil interaksi guntur/kilat waktos 
bumi ieu dilingkup ku gas Methanol, anu dianggap sabage asal usul mahluk hirup 
(kalebet Adam) saleresna mah pan lebet kana golongan materi (bagian tina taneuh 
anu  ngawangun bumi) anu disebatkeun ku Qur’an.
   
  Dina Qur’an disebatkeun yen fifik Adam diciptakeun tina fisik taneuh 
(materi), sedengkeun malaikat kalebet iblis (malaikat anu wangkelang ka Gusti 
Alloh) diciptakeun tina fisik cahaya / seuneu. Janten anu dicarioskeun dina 
Qur’an teh luyu sareng elmu fisika.
   
  Fisik Adam diturunkeun ka alam fisik (dina hal ieu bumi alam) anu parantos 
dihuni ku mahluk sanesna anu diciptakeun oge tina fisik materi (sapertos 
tutuwuhan, sato, batu, sareng sajabina) sareng oge gelombang (sapertos cahaya 
katut panasna). Janten di alam fisik mah Adam teh sanes mahluk kahiji. Kumargi 
kitu Adam diajarkeun nami-nami mahluk sanesna nu aya di alam fisik ieu ku Gusti 
Alloh ngalangkungan Malaikat. Kacindekannana, Qur’an nyarioskeun yen fisik Adam 
teh sanes mahluk kahiji di bumi alam (alam fisik) ieu teh.
   
  Ku kituna, tiasa wae fisik Adam teh nyangsang dina mahluk fisik primata anu 
dimaksad ku teori evolusi Darwin, tiasa oge nyangsang dina mahluk fisik anu 
dimaksad ku Harun Yahya (penentang teori evolusi).
   
  Janten kedahna mah henteu kedah lieur. Fisik Adam diciptakeun tina taneuh 
numutkeun Qur’an luyu sareng elmu nu kasungsi ku manusa wirehna mahluk hirup 
kawitna tina fisik materi (asam amino anu mangrupi bagian tina taneuh) anu aya 
di bumi alam. Qur,an luyu sareng elmu. Luyuna Qur’an sareng elmu kedahna 
langkung ngiatkeun iman urang. Amin.
   
  Kitu logika pribados mah,
   
  Salam,
  Asep.
  

Arya Kusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               Sampurasun 
dulur sadaya
 bade ngiring ngarewong we...ngiring ngaramekeun sareng ngalieurkeun milis, 
hehehe
 
 Guaran perkawis "Adam", aya hiji seratan, tesis ti salah sawios guru besar 
IAIN Jakarta (hapunten pisan hilap nami guru besarna, mung tesisna tiasa 
ditingal di perpustakaan IAIN, malih mah kantos di ulas ku majalah Tempo, 
kirang langkung 3 atanapi 4 taun kapengker). Dina tesisna disebatkeun yen Adam 
teh sanes manusa pertama didunia, tapi Khalifah pertama kanggo masyarakat di 
tatar Timur Tengah.
 
 Leres oge pendapat2 salah sawios dulur di milis ieu, elmu pengetahuan mah, anu 
ngaguar masalah  asal-usul manusa, aya teori evolusi Darwin, teras aya deui 
revisi2na ti seu'eur para ahli. Nyebatkeun yen sagala rupi mahluk di bumi ieu 
teh hasil evolusi, menurut elmu pengetahuan mah, cenah anu dianggap cikal bakal 
mahluk hidup di bumi ieu teh Asam Amino, anu luruh murag ka taneuh hasil 
interaksi guntur/kilat waktos bumi ieu dilingkup ku gas Methanol, tina asam 
Amino saurna mah dimulai sagala rupi mahluk hidup ku evolusi, termasuk urang 
salaku manusa.
 
 Perkawis para baraya bade percanten kanu manana mah..mangga nyanggakeun..da 
eta mah sewang2an
 
 cag ah
 
 Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               Sanes, 
Asal usul jelema mah ti Gusti Allah.
  Bumi jeung taneuh, bentang jeung cahayana moal aya lamun teu diayakeun
  ku Gusti Allah.
  Upami proses wujud  manusa ayeuna tiasa janten tina primata, janten
  mun kitu logikana atuh "Adam" teh henteu hiji.
   Cobi we upami teu percanten taroskeun ka urang kanekes.
  
  Salam lieur.
   
  --- In [EMAIL PROTECTED], Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > leres, heu heu heu
  > 
  > 
  > Ramdan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                              
  taneuh nu ngabentuk manusa teh saripati na, sanes..? :-)
  >  nah saripati taneuh ieu asal na tina beuteung bumi, leres..?!
  >  heu heu heu...
  >        
  > ---------------------------------
  >
  
  
      
                                
 
 ---------------------------------
  Yahoo! Movies - Search movie info and celeb profiles and photos.
 
 [Non-text portions of this message have been removed]
 
 
     
                               


Asep
        

---------------------------------
Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story.
 Play Sims Stories at Yahoo! Games. 


Asep

       
---------------------------------
Looking for a deal? Find great prices on flights and hotels with Yahoo! 
FareChase.

Kirim email ke