Halaw Teh Herni...kamana hungkul? Nuhun, tos mucunghul deui di milis...
Milari Dulang? Di lembur abdi mah disebatna pané.
Abdi kagungan keneh, tapi moal diical komo dipasihkeun mah heheh...
Maklum Dulang "warisan" ti mitoha pun biang alias eyang abdi.
Tara diangge ngarih atanapi ngakeul, sepesial pun biang paragi ngadamel ulen
atanapi bongko.
Janten emut ka pun Bapa (Alm) pami ka lembur teh sok ilubiung ngakeul...
Diemut-emut mah ngakeul teh saleresnamah sae kangge "keseimbangan otak kiri &
otak kanan"...
Sok we geura pami ngakeul, panangan kenca nyepeng hihid, panangan katuhu
nyepeng cucutik.
Mangkaningan kedah jalan duanana...
Kang Trias, ni sae gambarna, tiasaan.... Leres, jaman ayeunamah tos "serba
praktis".
Nanaon kantun mencet, beres weh... Tapi, pami diraraoskeun mah hasil mesin
benten pisan sareng kenging panangan (manual).
Contona :
Pami ngadamel sambel diblender, sanaos tiasa lemes pisan, tapi benten rasana
upami nganggo coet + mutu.
Bakating ku hoyong ngadamel sambel nu raos, aya rerencangan abdi nu
ngengingkeun bule, dugi ka mekel coet & mutu ka Ustrali heheh...
Jaman ayeunamah tos hese milari dulang/pané, pun biang ge pami ngakeul sok
nganggo baskom plastik.
Tadi enjing, ujug-ujug emut kana jubleg paragi nutu, jigana "nyeni" pami
didamel pot kembang.
Abdi naros ka pun biang,"Mah, asanamah Aki gaduh jubleg di lembur, jigana sae
kanggo pajangan...aya keneh?"
"Puguh, geus euweuh... dipake mirun seuneu ku Aki maneh"...
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 09/04/07 04:18AM >>>
Teh Herni, wayah kieu milarian dulang? tos moal aya deui nu icalan atuh, margi
teu payu. Ayeua jaman moderen, tos sagala praktis, sagala nganggo mesin.
Contona baheula ngocok adonan kueh nganggo pangocok nu didamel tina kawat
spiral nganggo gagang, ayeuna nganggo mixer elektrik, kantun nyolokeun,
cetrek... di dihirupan, 5 menit jadi. Pon kitu deui dulang, ulah tinggaleun
jaman atuh, bilih hoyong terang nembe sataun kapengker tos aya sarupaning
dulang elektrik, tiasa dipeser di toko alat alat elektronik di Jakarta. Mangga
tingali conto barangna nangkod.
Wilujeng tuang sangu pulen nu diakeul ku dulang elektrik ieu.
Kang Trias
herni herningsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres pisan Kang.....
Gerentes hoyong dulang oge dikawitan ku mukaan poto heubeul
aya poto pun biang nuju ngacung-ngacung halu ka pun bapa nu resep pisan heureuy
janten ras we emut kana sangu tutug
nyawang weh.... raos pangitnen pami neda sanguna diakeul nganggo dulang
ulang nganggo jer-jeran atanapi kom-koman
pami seeng mah masih keneh gaduh
kantun meser aseupanana
Katambih dinten Ahad kamari ngulampreng ka Kampung Budaya Sindangbarang
Ningal bumi Sunda lengkep sareng leuitna, alah waas pisan.
Mung hanjakal di KBS teu aya nu ngical garabadan has Sunda
Mung mendak boboko, ieu mah masih keneh seueur di kota oge
Abdi yakin dulang paranti ngakeul sareng fungsi nu sanesna masih keneh aya nu
ngical
tapi duka dimana?????????????????
tapi pami dulang tinande mah duka, aya keneh teu nya?
hi...hi....hi.....
baktos
herni boo