Malangbong! asa ku waas....
Ti lembur abdi nonggoh liwat Wado.....bras ka jalan anu ka Kirisik....Palebah
Cikareo anu mengkol ka kenca bras ka Lemah Putih Majalengka(taman Dinosaurus),
atawa ka Gunung Cakra buana. Pamandanganna alus pisan....
Upami di tuluykeun terus ka Malangbong bakal ngaliwatan Peternakan Sapi
(waktos abdi ka dinya can jadi Peternakan masih keneh dibangun).
Duh.....ku wararaas tah.....diantara Wado - Malangbong...sono pisan....
Mangsa tengah poe...titingalian plung -plong ka ditu-ka dieu. Komo mun mangsa
sereupna...langit beureum -kayas dina mega anu patumpuk-tumpuk.
Iraha bakal ka dinya deui nya?
Gusti nyiptakeun kaendahan anu taya bandinganana......
Sakali mangsa, abdi aya di suku gunung Cakrabuana ningal ka kaler ka
Jatigede, ka kulon ka daerah Cibugel anu anu siga dina jungkrang. Dina mangsa
anu lain, leuleumpangan di Cibugel ningal ka wetan Gunung Cakrabuana.
Naha siga paeunteung-euntengnya?
Alam diciptakeun pinuh ku misteri, ceuk Newton : "Semua yang diketahui
manusia, masih sedikit jika dibandingkan dengan rahasia alam yang ada di langit
dan bumi"
(Issaac Newton)
Sahman
Dena <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
enyalah Malang....bong!
---
Recent Activity
22
New Members
10
New Photos
1
New Files
Visit Your Group
Need traffic?
Drive customers
With search ads
on Yahoo!
Athletic Edge
A Yahoo! Group
to connect w/ others
about fitness goals.
Yahoo! Groups
Your one stop
for beauty & fashion
tips and advice.
.
www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com