> "Ahmad Sopiani" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Dina situs harun yahya, seueur dipedar bukti-bukti ilmiah lemahna
> teori evolusi, mangga mun aya nu bade nga-google, toong situs harun
> yahya ngenaan bahaya teori darwin kanggo kahirupan, anu nyebutkeun
> yeun kahirupan di bumi ngajanggelek tina mutasi acak secara
> kebetulan ngaliwatan survival of the fittest. 

Leres Kang Teori Evolusi teh aya kalemahanana, sabab teori evolusi 
ngarekrontuksi kajadian dina waktu lila pisan, lir ibarat pulisi nu 
nyieun teori tina rajapati nu geus kajadian puluhan taun. Tapi naha 
bener Teori Evolusi runtag? Ari ceuk kuring mah henteu, malah ayeuna 
beuki kuat .....komo lamun kabuktikeun engke yen di MARS AYA 
KAHIRUPAN/ ATAWA AYA SESA KAHIRUPAN sanajan ukur bakteri/ sesa 
bakteri. Tapi Teori Evolusi bakal tetep jadi teori moal jadi 
potsulat atawa hukum, siga hukum2 fisika atawa kimia. Ari pangpangna 
mah ieu teori pakait jeung waktu nu lila pisan. Teori evolusi 
sabanding jeung teori "big bang" dina fisika soal mimitina kabentuk 
alam semesta (universe). Teori "big bang" moal jadi potsulat dina 
fisika, statusna bakal tetep teori anu bisa dipadungdengkeun keneh.

Perkawis Harun Yahya (Adnan Okctar) kabeneran kuring oge kungsi 
maca. Ngan ari ceuk kuring mah publikasi2 HY leuwih ngaharib-harib 
kana buku Elmu Pangaweruh Populer sabab teu aya nyebut-nyebut naon 
anu dipigawe ku HY sorangan dina widang ieu, salian ti nyutat 
pamandegan-pamandegan para ahli nu keur padungdengan (debat). 
Padahal para ahli ieu sadayana oge evolusionist nu padungdengan soal 
bukti nu kapanggih, tapi lain soal teori evolusina runtag atawa 
henteu.

Anyar-anyar ieu, di Flores kapanggih aya tulang-taleng manusa, nu 
disangka ku para ahli ti Australia beda Species jeung Homo Sapiens, 
ku maranehna disebut Homo Floresnensis (manusa Flores anu kate). 
Tapi ahli ti Indonesia nyebut eta lain manusa species beda, tapi 
manusa nu boga kalainan genetik (kate). Tapi sadayana oge boh ahli 
ti Australia atawa ti Indonesia Evolusionist. Tah padungdengan model 
kieu, nu dicutat ku HY, terus dijieun kacindekan ku HY sorangan yen 
TEORI EVOLUSI geus runtag!

Teori Evolusi,  Intina kira-kira kieu, unggal mangkeluk hirup boga 
kacenderungan ngalanggengkeun speciesna/jenisna ku jalan nyaluyukeun 
dirina kana lingkungan. Lamun teu mampu nyaluyukeun diri kana 
lingkungan, eta mangkeleuk bakal punah. Jadi teori evolusi teh 
sabenerna deukeut jeung ELMU LINGKUNGAN. Charles Darwin, salian ti 
Bapa Teori Evolusi tapi oge sok disebut pelopor ELMU LINGKUNGAN 
(ENVIRONMENTAL SCIENCE).

Jadi segi positifna tina Teori Evolusi, manusa jadi sadar yen 
lingkungan teh mangaruhan kahirupan. Ieu nu teu kaemut ku nu teu 
resep kana Teori Evolusi. Nu ditempona ukur manusa sakaruhun jeung 
monyet. Terus ngadamel dogma nu sok disebut "Intellegent Design". 
Padahal "Intellegent Design", teu ngajak manusa sadar yen kahirupan 
teh pakait jeung lingkungan,  tapi fatalis: "Pan tadina oge 
diciptakeun nya umpama punah oge geus nasibna we, da dipunahkeun!"

Tah kitu pamandegan kuring mah, punten kanu teu sapagodos ....

Baktos,
WALUYA
  







 




 




Kirim email ke