Euleuh eta Kang Ya Ya sakitu tos janten selebritis emut keneh geuning ka abdi? .nuhun Gusti!Kang Eman tukang baso nu sok ngawurukan ngaos? Abdi ge teu kenal-kenal acan heheh . punten ah heureuy Leres, abdi Roro, mung benten 2 aksara m sareng l, ibu rama ge benten sareng Teh Roro Romlah mah...heuheu...
Abdi kawit & digubragkeun ka alam dunya mah di Cikareo. Mung sok alih- alihan bae nunutur pun Bapa nu janten Gatotkaca (AURI) bapa buahna Kang Parman (Superman ..heheh ) Ageung di Jakarta dugi ka SMP kelas 1, diteraskeun di SMPN Wado dugi ka tamat. Ti SMA dugi ka danget ayeuna tara kamana mendi (maklum kurung batokeun) di Bandung weee . Ngahaja ka Situraja mah teu acan kantos, mung sok kalangkungan wungkul pami bade atanapi uih ti Wado :) baktos, ro2 --- In [email protected], Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ke ieu teh Roro Cikareo Wado? > > Baheula keur budak di Situraja aya urang Wado ngumbara > ka Situraja margi ramana damel di KUA Kacamatan > Situraja (pami teu lepat). Tah salah sahiji putrina > namina Roro Romlah oge rakana Roro Romlah teh namina > Sarah...tapi pami teu lepat mah sanes Sarah Sechan. > > Neng Roro jeung Neng Sarah teh rerencangan Kang Yaya > ngaji di Tajug guru ngajina namina Kang Eman, tukang > baso ngarangkep guru ngaji. > > Leres kitu ieu teh Roro nu kantos di Situraja? > > Sonona > Kang Yaya

