Hatur nuhun Kang Dian, infona. 

Tah geuningan geus ngamimitian "wani" naratas. Sugan wae, sakumaha 
kasauran Kang Chaedar Al Wasilah (CAW) dina diskusi 10 poean ka tukang 
dina jejer "Budaya Sunda jeung Etos Kerja", ka hareup aya oge sakola 
anu basa panganteurna make basa Sunda. Boa-boa malah pausaahan koran 
PR anu rek naratas eta sakola teh.

Nyakitu. "Salah sahiji syarat revitalisasi budaya teh kudu wani jadi 
panaratas (pelopor), kudu wani beda, singgetna", saur Kang CAW. "Matak 
naon di urang, di Jabar, deg wae adegkeun sakola anu basa panganteurna 
basa Sunda", saurna deui. Kilangbara atuh di sakola2 umum mah, tapi, 
matak naon upama Pamarentah...eh saha wae ketang ...nyieun sakola 
sarupa kitu geusan miara basa indung tea.

Wilujeng.

baktos,
manAR


--- In [email protected], "Dian Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Akang-ceuceu.
> Bilih aya nu peryogi ..
> 
> Hatur lumayan.. koran PR dina basa Sunda. ;-)
> http://tarjamah.sabilulungan.org/loka.php?article=http://www.pikiran-
rakyat.com/cetak/
> 
> Wassalaam,
> Dian.
>


Kirim email ke