Kaleresan abdi mah biaya ti nyalira mung 50%. Da sapalih ditalangan beasiswa, sapalih deui sapertos Maulana, kedah didamel. Beasiswa utamina diperyogikeun pikeun sakola dugi S2. Ari S3 di dieu kaetangna damel. Tiasa digajih ku lab. tempat penelitian.
Di Jerman, grup angklung anu lumayan aktip nyaeta di Hamburg, Frankfurt, sareng di Munich. Di Hamburg anggota seseueurna barudak sakola + mahsiswa. Di Frankfurt mah ibu-ibu. Di Munich gabungan ibu-ibu sareng mahasiswa. Campur urang Indonesia, Jerman, Spanyol, jrrd. Kungsi oge barudak < 12 taun maen angklung. Nanging teu mayeng. Salah saurang Jerman anu janten anggota di Munich ngomentaran, yen ideu anu orisinal tina angklung nyaeta maenkeun sa-nada ewang. Nu ku abdi + rerencangan kaalaman, salah sahiji mangpaatna magelaran teh nyaeta tiasa jalan-jalan kalawan haratis Da waragadna ditalangan ku nu nanggap :-). Kaayeunakeun, Jerman tos henteu ngaharatiskeun deui sakola di paguron luhur. Biayana ayeuna rata-rata 500 Euro sasemester. Sanaos langkung mirah ti sawatara nagara sejen (Inggris, Skandinavia), mahasiswa Indonesia anu sumping karaos ngirangan. Salam, Dian. On 9/5/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Rame kang. Salah sahijina jadi apal yen Maul teh kuliah masterna di TUHH, sigana beaya sorangan. Sabab di bab2 awal nyaritakeun kondisina nu bari gawe di ditu di dieu pikeun bekel kuliah. Malah kosna oge nebeng di flat nu kuduna mah duaneun, ieu dipake tiluan. Mudah2an bisa ngamotivasi barudak ayeuna sing teuneug ludeung ngumbara sakola ka eropa/amerika/asia timur, ulah pedah teu boga dana atawa beasiswa. Maul conto nu sakola teu make beasiswa, ayeuna cenah keur s3 di inggris. Kang Dian di Karslruhe na sami kitu? Biaya nyalira? Ari kuliah di jerman mah da haratis. Islami! Haha. Joko Teguh di elektro Uni Bremen oge biaya sorangan cenah.

