Assalamu alaikum Wr Wb
Punten ah nepangkeun abdi teh Tini ti Tasik,bilih saderek anu teu acan terang
ka pribados sakantenan wae atuh abdi nepangkeun ka para wargi sadaya di dieu.
Nyambung cariosan kang Abdul Qodir perkawis eta bobotoh PERSIB tea.
Pas kaleresan wengi tadi abdi nuju rurumpaheun ameng ka palih kulon tah ka
Bandung.Dina palihan jalan handapeun Jembatan Surapati anu ka Terusan Pasteur
apanan aya stopan eta pas abdi nuju ngantosan lampu hejo.
Pas tos bubaran Pesib duka tos naraon tah eta nu namina bobotoh na persib
nganggo motor duka sasabara puluhna,asa matak bade pingsan di dinya eta bakat
ku reuwas .Bari nenggelan kaca mobil bari motor na bade di dupakeun tah kana
mobil sim kuring teh,padahal mah da abdi teu nuju nanaon.Ah matak pikasieuneun
we,padahal di payun teh aya polisi lalu lintas.
Eta da bobotoh matak pi kaseubeuleun pami sanes nuju di lembur batur mah duka
tos kumaha tah abdi nya rewas,nya sieun, nya keuheul oge.
Ieu mah kaleresan we kang Abdul kaalaman oge ku abdi,tadi wengi bada magrib.
Abdul Qodir Jaelani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salam,
Punten pami emang teu rada kenal ka pribados da emang nembean gabung na ge.
Abdi mah kalintang bingah na teh pami ningali kleb andalan urang sunda sadayana
(aos: PERSIB) kenging dina hiji pertandingan. Tatapi, pami ningali tingkah
polah para Bobotohna mah kalintang sedihna. Jalarang tadi abdi kenging kajadina
nu kalintang reuwasna. Basa uih ti Tegal Lega (meser barang), abdi naek salah
sawios angkot anu malah di baledog ku para Bobotoh nu beres nonton PERSIB
lawan PERSIKABO. Nu anehna mah kunaon jol ka kami maledog batu na?
Ampir-ampiran kaca mobilna peupeus. Aduh Gusti kumaha atuh cara ngatur eta
jalmi? Mudah-mudahan urang salaku urang sunda nu garaduh pikiran dingin teu
gampang emosi ku ayana kajadian eta. Eta mah jadi pepeling weh ka urang sangkan
sadar yen ternyata Gusti Allah teh ngdamel makhluk teh rupi-rupi.
Mudah-mudahan kajadian eta teu muncul deui. Ah, engke mah mun pas aya PERSIB
maen cigana kudu nyumput we...................
---------------------------------
Sick sense of humor? Visit Yahoo! TV's Comedy with an Edge to see what's on,
when.
---------------------------------
Shape Yahoo! in your own image. Join our Network Research Panel today!