Saur abdi mah teu lepat2 teuing urang malay 
ngahinakeun indonesia. Da teu pati2 kitu lamun urang 
boga harga diri mah, pasti malay ge moal wantuneun 
ngahina ka urang.  
Jeung hiji kanyataan nu teu tiasa dibantah, seueur 
pisan urang indonesia anu janten masalah di eta 
negeri jiran. Sok sanaos seueur oge jasana bangsa 
urang anu ngadon buburuh, ageung jasana dina 
pangwangunan bangunan di malay. Panginten, sakali 
deui panginten ieu mah. Bangsa malay nganggap hina 
ka urang kumargi seueur teuing bangsa urang anu 
ngadon janten "pembantu" atanapi buruh kasar kalawan 
janten pendatang haram teu dilengkepan pasport!


--- In [email protected], Aschev 
Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Seuseueurna urang Malaysia anu kapendak ku 
pribados mah tara nyigeung harga diri bangsa. Mung 
sakali pribados kantos ngalaman dina forum regional 
AIC pendak sareng urang Malaysia anu rada ngeselkeun 
teh. Anjeunna teh profesor di salah sawios 
universitas di Sarawak. Anjeunna sakedik-sakedik 
nyebat "Indonesia is a big country". Pernah oge 
nyarios "Indonesia is a big country so it has so 
many problems". Henteu terang tah naon maksad 
anjeunna teh. Pribados oge hilap deui dina konteks 
naon eta teh. Tapi tetep matak nasteung. Matak 
hoyong ngaduruk leuweung Sarawak. He he.
>    
>   Mungguhing bangsa anu aya dina kamajengan, 
biasana sok adigung, sering ngaremehkeun bangsa 
sanes. Jigana Malaysia oge nuju aya dina kaayaan 
kitu ayeuna teh. Cara ngelehkeun Malaysia ieu nya 
urang oge kedah majeng, ulah eleh ku Malaysia. 
SDM-na kedah langkung sae, panghasilan rahayatna 
rata-rata kedah ageung oge. Angkatan perang urang 
oge kedah langkung kiat ti tentara diraja malaysia; 
jagi-jagi bilih sabagian wilayah urang direbut.
>    
>   Upami kasus urang Banten anu di-razia ku pulisi 
Malaysia mah henteu 100% kalepatan pulisi Malaysia. 
Anjeunna oge lepat kumargi hentue nyandak passport. 
Sabage tamu di nagara sanes, dokumen perjalanan 
(sabage gentos KTP di dalam negeri) kedahna 
dicacandak. Eta umum di sadaya nagara. Pribados 
kantos ka setasion kareta di Memmingen, 
disampeurkeun ku nu anggoan preman sabari nyarios 
passport! Passport! Pribados lumpat da sieun 
anjeunna kiriminal. Tapi saatos anjeunna ngagorowok 
police! police! bari ngudag. Nya passport 
dipasihkeun. Henteu naon-naon. Janten passport teh 
penting, ulah hilap dicacandak salami perjalanan di 
nagara deungeun.
>    
>   Salam,
>   Asep
>    
>   
> 
> yayan sopyan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:           
                    salam,
>    kaping 20-24 kaleresan kuring nyaba ka Kuala 
Lumpur dina raraga kerjasama UIN jeung sababaraha 
perguruan tinggi di Malaya dina masalah pengembangan 
syariah jeung ekonomi Islam.
>    kabeneran, tanggal 31 Ogos (agustus ceuk 
urangmah) maranehna rek merayakan 50 tahun 
kemerdekaan anu di bere ku Ingris.
>    hampir kabeh station TV ngabewarakeun masalah 
kemerdekaan. sababaraha diskusi ku kuring ka tonton, 
khususnya ngenaan nasionalisme...
>    tah, kurang ajarnya, memang urang malaysia 
wani2 ngahina ka indonesia, sok sanajan ku bahasa 
anu teu togmol :.... tidak seperti negara jiran kita 
yang sizenya (ukurannya) lebih besar dari kita...  
oge kuring maca koran anu memang nyata2 marenehna 
nulis Indonesia ku Indon.......................... 
memang kurang ajar.....
>  
>  Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>            Nambihan bah,
>  
>  Upami ka Malaysia (oge ka nagri mana wae), ulah 
hilap passport kedah dicacandak salami perjalanan.
>  
>  ---------------------------------
>  diteukteuk k#5
>  
>      
>                                
> 
> 
> Asep
> 
>        
> ---------------------------------
> Be a better Globetrotter. Get better travel 
answers from someone who knows.
> Yahoo! Answers - Check it out.
>


Kirim email ke