Upami leres teh eta anu ingkud-ingkudan nyeri sampean, anu ngampihan dompetna, berarti copet teh geus ngelmu seni peran. jugana geus tungtutan jaman copet oge ngigelan jaman.
Meureun jaman ayeuna mah geus teu matih sabangsaning jangjawokan atawa mantra-mantra keur nyirep korbana, jadi ku tarekah gegeringan oge tiasa wae hasil. ----- Original Message ----- From: Roro Rohmah To: [email protected] Sent: Thursday, September 06, 2007 2:36 PM Subject: [Urang Sunda] ANEH A N E H Poé Juma'ah minggu kamari, basa kuring tas balik gawé.. Jrut, kuring turun tina Volvo nu bangkuna aya 40 téa (beus kota). Kalacat kuring naék kanu angkot nu keur ngetém di bah tukang terminal Leuwi Panjang. Kasampak di jero angkot geus loba panumpang, saurang awewe diuk dihareup gigireun supir. Di tukang aya lalaki tujuhan jeung hiji awéwé gendut nyempod di pojok. Kuring bingung kudu diuk dimana? Da meuni arembung pisan ngised, jabaning lalaki wungkul.. Tungtungna diuk di deukeut awéwé gendut téa bari jeung ugal-ugil da maklum awak kuring jangkung badag, ari lolongkrang meuni heureut pisan. Hiji panumpang awéwé naék tukangeun kuring, sihoréng nu sok sabeus jeung kuring. Manéhna diuk rada jauh ti kuring, nyelepét diaping ku dua lalaki. Angkot nu ditumpakan ku kuring maju. Teu lila, lalaki maké baju bodas nu diuk deukeut panto ngajorowok bari nyekelan sukuna,"Uuuuhhhh..aaahhhh.aduh, maaf Pak bisa ikut selonjor dikit, kaki saya kraaam!". Lalaki nu diuk tukangeun supir rada nyisi méré lolongkrang keur sukuna. Manéhna mencétan sorangan nepi ka tungtung ramo sukuna. "Aaaaah..uuuhhh.sakit sekali!" ceuk manéhna deui. Kuring culang cileung teu puguh rampa jeung teu ngarti kudu naon nu dipilampah. "Ih, titatadi.kunaon siiiih." ceuk awéwé gendut ngutruk gigireun kuring jiga nu teu resepeun. Kuring teu ngarti, kunaon éta awéwé kalahka ngomong kitu lain karunyaeun kanu gering? Anéh. Atuh puguh di jero angkot téh pahibut narulungan éta lalaki. Lalaki gigireun kuring nitah muka jandela bari mesem, tiditunamah ambih asup hawa seger meureun, leungeun nu hiji deui milu mencétan. Anéh. Celengkeung sora supir nawaran, kabeneran aya kénéh tempat diuk digigireun awéwé nu dicindung gigireun manéhna,"Pak pindah aja ke depan, biar enak duduknya dan gak ngeganggu yang lain." Manéhna mbungeun. Anéh. Dina waktu nu sarua, awéwé nu biasa naék beus bareng jeung kuring buru-buru pindah ka hareup, jiga nu sieuneun. Anéh. "Kiri-kiri. lalaki nu diuk hareupeun kuring, maké baju hideung, dikacamata jeung mamawa kantong nitah eureun ka supir. Lalaki nu kram tadi miluan turun, teu mayar, leumpang bari ingkud-ingkudan. Supir teu bisa kukumaha, rék nagih gé da karunyaeun kanu gering. "Bu, jam berapa sekarang?" ujug-ujug lalaki hareupeun kuring nanya. Ningali cingeungnamah jiga tangtara, maklum poé Juma'ah sok loba tangtara nu keur arulin maraké baju paréman. Éh.lila-lila disidik-sidik mah lain, ngan buukna wungkul nu modél ABCD (ABRI Bukan Cepak Doang). "Jam enam kurang lima,"ceuk kuring. "Jam berapa Bu?" manéhna nanya sakali deui, atuh kapaksa ku kuring jam téh ditingalikeun ka manéhna ti kajauhan. Manéhna ngan saukur imut. Teu ngahaja rét panon kuring rurat-rérét ka opat lalaki hareupeun jeung gigireun kuring. "Lumayan, karasep jeung bararesih geuning.", gerentes kuring jero haté. Tepi ka parapatan Soekarno Hatta lampu beureum, reg mobil eureun. Lalaki nu diuk ditukangeun supir ngomong rada medok (jiganamah urang Jawa) bari ambek,"Pak, laki-laki yang kram tadi larinya kemana ya?! Dompet saya hilang!!!". Sihoréng basa lalaki nu kram tadi mencétan nepi ka tungtung sukuna, leungeunna ngagarayam kana kantongna. Manéhna kaluar buru-buru, mayar ka supir tuluy ngudag jalema tadi. Katingali ku panon kuring, manéhna nanyakeun ka jalema nu maké baju hideung, dikacamata jeung mamawa kantong tadi, kabeneran nangtung kénéh di sisi jalan. Nu ditanya saukur gideug... Aja samboenganana.

