Kang Kumi & baraya, abdi gaduh dongeng deui tah... Inget kénéh, harita taun 1999 kuring diondang ku babaturan sapakulian, nu jatuk rami meunangkeun batur sapakulian deui (batur sakantor). Rencanana kuring datang jeung batur awéwé. Keur ngajugjug gedong nu dipaké hajat, kuring naék mobil um-um jurusan Kebon Kalapa, nu bakal disambung kana angkot jurusan Sederhana-Buah Batu.
Sakumaha ilaharna jelema nu rék ka ondangan, kuring dangdan rada "béda" ti sasari. Harita kuring maké anderok tina bahan sifon modél payung, kelirna jiga kulit maung (mun jaman ayeuna bisa disangka anggota Trio Macan héhéh*). Kaluhurna baju tangan panjang kelir kopi, sapatu jangkung kelir bodas sahéab (broken white téa*.) Teu tinggaleun tas leutik nu eusina lokét, tisu, jeung lipensetip. Talina panjang disoléndangkeun dina taktak. Saacan indit, kuring mamantes manéh dina kaca bari pupurilitan bisi anderok atawa baju kuring aya nu nyingsat. Sanggeus karasa rapih, kuring amitan ka indung kuring. Clengok sun pipi kénca jeung katuhu bari ngomong,"Mah, badé angkat heula, Assalamu'alaikum*". Indung kuring imut bari ngaheureuyan,"Wa'alaikumsalam, kadé oléh-oléhna tong poho*" Kuring ngadilak,"Masina jaman kapungkur, tos tinu hajat téh nyandak bésék atanapi rinjing, aya ulén, cau, opak sareng ranginang*héhéh*" Indung kuring ngan saukur imut,"Nyaklah, sing ati-ati wé*angger manéh mah, éta kantong tong dikatukangkeun bisi aya nu nyopet!" Nepi ka tempat paragi jangjian jeung batur kuring, kasampak manéhna keur nyengir bari nutupan beungeutna, sieuneun ku panas panon poé. Sapaparat jalan kuring jeung babaturan galécok ngobrolkeun sagala rupa*. Kurang leuwih sajaman, kuring & babaturan nepi ka Parapatan Ijan. Jrut, tarurun. Tidinya kudu leumpang sakeudeung keur ngajugjug Kebon Kalapa, da angkotna teu bisa langsung. Salila leumpang, kuring ngarasa yén kantong kuring nu tadina dikahareupkeun jadi aya di tukang."Baé ah, moal nanaon sugan*" gerentes kuring jero haté, bari ningalian sakurilingna*. Nepi ka paparapatan kebon Kalapa, angger kuring & babaturan galécok bari seuseurian. Tapi, rarasaan kuring asa aya nu nuturkeun ti tukang, deukeut pisan ampir antel kana tonggong*. "Ké*ké*naha kantong kuring asa jadi hampang?! Wah, jigana aya nu nyopét ieu mah! Bener teu nya, nu ditukangeun kuring copétna?!!" haté kuring ngarakacak. "Ah, laa haolaa* Gusti Nu Agung, hapunten abdi pami lepat!" Teu antaparah, dina itungan detik, kuring langsung malik ka tukang bari leungeun ngarawél kerah baju lalaki tukangeun kuring! Bari ambek kuring ngomong,"Balikeun lokét kuring! Mun hanteu, rék ngajorowok satarikna!!!". Teu nyangka meureun kuring bakalan kitu, copétna arap ap-eureup eup* "Mmmmm*mangga*mangga*" bari ngasongkeun lokét kuring. Alhamdulillah, nuhun Gusti! Lokét kuring bisa balik deui* Batur kuring ngan saukur colohok*"Ari manéh wawanianan ngalawan copét! Kumaha mun ditukangeun téh bari jeung nodongkeun péso atawa péstol!" Baroraah manéhna najan kuring ogé teu ngarti, naha bisa wanian kitu nya?.... Kuring ngan bisa leuleus. Reuwas kareureuhnakeun. ro2 CThu Sep 6, 2007 6:40 pm kumincir <[EMAIL PROTECTED]> Re: [Urang Sunda] ANEH Cara kitu mah tos teu aheng, Ceu Roro... Kaalaman ku sababaraha urang kawawuhan di Bogor & Jakarta...

