euleuh Daeng Iwa teh geuning atlet euy, tong sibuk teuing atuh olah raga tetep jalan ngarah teu awak tetep atletis..
wassalam, ----- Original Message ----- From: iwa cyber To: [email protected] Sent: Tuesday, September 11, 2007 9:06 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Taekwondoin Jabar is de bes hiihh kang dudi,...ulah salah,...taekwondo jabar tea ti baheula ge...karaos we ku abdi salaku taekwondoin oge basa mahasiswa... ayeuna mah tara da sibuk digawe tea... karaosna teh,..dibanding sulsel misalna, jabar mah disegani di tiap event kejuaraan,..pedah anak incu prabu silihwangi meureun kitu,... kunaon loba tawkwondoin nu gareulis??? contona sabum abdi we baheula, shinta berliana asal sumedang, tos kuliling dunya inyana mah tina taekwondo... ,...da emang endah taekwondo mah jurus2 na ge,...kumaha we gerak tarian atau jaipong versi korsel..tapi falsafahna, kacepetan,katepatan,kakuatan, cai leutik ge bisa digedekeun...duka ah teu ngartos pilsapat kuring mah... dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Baraya, Kamarina poe ahad peuting sikuring kapeto jadi panicia dadakan dina acara 'galadinner' pasukan taekwondo Jabar anu nembe tanding dina kualifikasi pon taun payun di Kaltim. Dina eta uji tanding tim ti Jabar teh janten "JUARA" alias de bes tea euy! ieu rombongan teh anranom keneh anu jajaka garandang kitu deui anu wanoja gareulis, pokokna mah atlet Jabar siap setor 100 medali emas taun payun. Bilih hoyong kenal sareng atlet taekwondoin Jabar sang juara mah tah gambarna dina gembolan, kalebet gambar opisialna Kang Darwin sareng Kang Syamsul, ari wartana mah dina PR dinten minggu, mangga http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2007/092007/09/0603.htm tah dina koran aya warta yen diantawisna anu kenging medali ema teh nami Neng Sisca nu geulis, upami hoyong terang jalmina mangga ditingal dina gembolan, anu nganggo kaos warna pink sideku barisan pangpayuna. Wassalam, dudi_ss ------------------------------------------------------------------------------ Pinpoint customers who are looking for what you sell.

