Uing katelah sipelung, unggal janari leutik sok pangtarikna kongkorongok, ceuk 
batur sora uing halimpu tur melengkung lir kuwung kuwung, atuh puguh we loba 
hayam bikang nu kapengpeong, malahan ku dunungan mah sora uing teh 
dikomersilkeun direkam dijieun ringtone polyponic. 

Poe ieu, teu tisasarina panto gerbang paranje can dibuka wae, padahal biasana 
mun geus mumuluk huut ngebul, panto teh sok digeblangkeun, sanajan can wareg 
nyapluk huut, uing sok tuturubun turun, lugay neangan bintiheun atawa 
nyalingker dipipir paranje nohonan jangji jeung hayam bikang nu keur sumedeng 
tumumpeng.
Kok hari ini beda, ada apa yah gerangan?

Ditengeng na sela sela paranje dunungan tiisuk meluk geus cakah cikih, didapur 
sora katel trongtrang paadu jeung cungkir, patembalan jeung dulugdugna sora 
bedug ditajug. Leng pikiran balik deui kamangsa  katukang, mangsa uing keur 
bulu kumuut keneh, baheula ge kawas kieu, dunungan cakah cikih, sagala dibeuli, 
gurame dibalong diheurap, ingon ingon diparencit, tiditu tidieu sing pelengseng 
seungit bakakak atawa seungit sate,ngabageakeun poe munggaran anu ilahar 
disebut munggah tea.

Sereset hate nyereset, dipipir kadenge dunungan keur ngagongsrang ngasah bedog. 
Boa boa. Enya boa boa kawas baheula, poean munggah pisan bapa uing oge 
dikeureum, disampakeun bedog seukeut terus dieksekusi, mangsa janari leutik 
geus ngajirim jadi opor, hidangan saur munggaran. Mun tea mah nasib uing kawas 
kitu, dunungan teh jelas teu lebareun kana sora uing nu melengkung handaruan, 
geus pohoeun yen nu ngabalukarkeun lembur haneuteun teh apan ku getenna uing 
kurungak korongok saban janari. Meni tega, abong ayeuna mah geus jaman canggih, 
kongkorongok hayam geus teu dijadikeun patokan, da kaelehkeun ku alarm hape 
atawa ka silihkeun ku sora beker, pikeun ngahudangkeun mangsa geus manjing saur.

Najan kitu, dina enyana uing jadi digeresel dipeuncit kuriling, uing rido, da 
meureun geus titis tulis ti azali, hayam mah lebokeun manusa. Keun we ah, 
meungpeung uing keur lintuh, keur ngeungeunahna diopor sumawona dibabakak terus 
dicocobek, mugia we dunungan saurna sing bedas, nambah dua jungkelan, ambeh 
dina ngayonan puasa, sing jagjag belejag parat nepi ka magrib.

Marhaban ya Ramadhan, Wilujeng Sasih Siam ka sadayana!

syam ridwan

Kirim email ke