Kuring manggihan majalah Intisari Januari 1987 nu dina rubrik "Cukilan
Buku"na "nyukil" buku autobiografi R.A.A Martanagara Bupati Bandung
1893-1918.  Autobiografi langka, sabab jaman harita mah acan biasa
jalma-jalma nyieun memoir. Ku kuring dicoba ditarjamahkeun tina Basa
Indonesia, sanajan cenah buku autobiografi ieu aslina dina Basa Sunda :"
Babad Raden Adipati Aria Nagara Regent Bandoeng".

Nyanggakeun ...bari natarjamahkeunana titatarajong oge ....

WAKTU LAHIR

Poe Salasa, tanggal 3 Sapar 1261 (Februari 1845), saenggeusna shalat Asar,
kolot kuring (Juragan Anom jeung Raden Tejamirah)  keur papada ngalangeu di
tepas imah. Harita teh aranjeunna nganjrek di Cipada wetan, pahareup-hareup
jeung masjid.

Indung kuring keur kankandungan sabroleun. Teu disangka-sangka, kurunyung
sumping tamu, Kyai Hamsilah, saurang guru tarekat ti Pekalongan nu nganjrek
di Cipameungpeuk. Anjeunna seueur santrina di Sumedang.

Bari ngaleueut kopi, aranjeunna ngarobrol. Ceuk Pa Kyai, waktu anjeunna
sholat di Masjid, anjeunna ngareungeu ti jalma ditukangeunana nu nyebatkeun
Raden Ayu Tejamirah ngalahirkeun. Jadi anjeunna sumping bade ngalongok.

Indung kuring ngajawab, waktuna acan datang. Tapi, waktu anjeunna asup ka
imah sakeudeung, patuanganana ngadak-ngadak mules. Anjeunna nyuhungkeun
supaya pun bapa ngageroan paraji.  Pun Bapa jeung Pa Kyai arasup kajero. Pa
Kyai menta indung kuring ngagoler, terus anjeunna nyalira ngabaca do'a.
Kuring lahir saparapat jam saentasna. Indung kuring geus ngalahirkeun lima
kali, kalahiran ieu nu paling lancar. Lanceuk-lanceuk kuring sabenerna aya
opat urang, tapi maranehna ngantunkeun waktos masih orok keneh. Waktu paraji
datang, manehna ukur ngurus orok jeung tali ari-arina.

Indung kuring prihatin kusabab kaopat anakna nu tiheula maraot waktu masih
orok keneh. Jadi anjeunna menta didoakeun supaya orok nu ieu umurna panjang
jeung hayang nyaksian kuring jadi dewasa. Indung kuring teu paduli anakna
rek beunghar atawa miskin, nu penting budakna jadi jalma nu bageur.

Waktu Pak Kyai pamitan arek sholat magrib, anjeunna nyarios ka indung,
"Budak ieu bakal hirup leuwih panjang tinimbang anjeun"

"DIBEULI" SUPAYA TEU BEREWIT WAE

Tapi sanajan kitu, nepika umur tilu taun kuring berewit jeung teu
diaharepkeun bakal hirup lila. Dihiji poe, Emangna indung kuring, Aria
Surianagara nu harita jadi Patih Sumedang, nganjang. Istri anjeunna, putri
Bupati Garut. Istri patih teh prihatin ningali kasehatan kuring anu goreng.
Anjeunna nawar arek "meuli" kuring saharga sa-real jeung tujuh rupa
dahareun. Maksudna supaya kuring sehat. Kolot kuring satuju.

Heuleut sababarha waktu, aranjeunna nganjang deui, "meuli" kuring jeung mawa
kuring ka imahna. Didinya kuring dirawat ku Babu Enih jeung salakina, Bapa
Sanih, nu didatangkeun ti Singaparna.

Kuring jadi sehat walafiat jeung gancang gede (bongsor?). Kulawarga kuring
kacida atohna, pangpangna mah Emang indung kuring nu harita geus jadi
Bupati, Anjeunna katelah PANGERAN SUGIH, kulantaran loba budak. Waktu umur
kuring lima taun, kuring dijodohkeun jeung putra awewe anjeunna, Armunah, nu
harita umurna tilu taun.

Waktu umur dua belas taun, kuring disunat bareng jeung dua putra lalaki
bupati, Enden Durahman jeung Enden Durahim. Di kabupaten diayakeun pesta
gede jeung kuring dibere aran Raden Kusumahningrat.

Lima taun saencanna, waktu umur kuring kira-kira tujuh taun, bapa kuring nu
harita jadi Wadana Cibeureum, mumusuhan jeung Pangeran Sugih.

Keur supaya teu kajadian perang, bapa kuring dipindahkeun ka Probolinggo.
Pun Bapa ngantunkeun diditu tilu-opat taun saenggeusna dipindahkeun,
anjeunna dimakamkeun diditu. Papisah jeung bapa kuring teu pati nyedihkeun
kuring, sabab geus lila kuring teu cicing jeung kolot. Nu dianggap kolot ku
kuring nyaeta Mang Suriangara (Pangeran Sugih) jeung Bibi Lenggangmantri,
kulantaran sainget kuring, kuring geus cicing jeung aranjeunna.

JADI ANAK ANGKAT RADEN SALEH (Pelukis kasohor Indonesia abad 19)

Kira-kira satengah taun geus disunat, Raden Saleh, "Tukang Gambar Raja",
nganjang ka Sumedang, jeung mondok lima belas poe di imahna Bupati. Raden
Saleh ditarima make upacara siga kaanjangan Bupati. Pangeran Sugih nawarkeun
putra-putrana, kuring jeung Durahim ka tamuna teh. Kuring jeung Durahim
dibawa ka Batavia jeung cicing di imah Raden Saleh di Kampung Gunungsari di
beulah kaler kota, di sisi Ciliwung.

Istri Raden Saleh, urang Eropa, Nyonya Winkel Hagen, tadina randa tinu boga
tanah di Gemolak, deukeut Semarang. Istrina kasohor jalma beunghar. Di
Batavia anjeunna pakepuk ngurus pabrik batikna. Anjeunna oge gaduh pabrik
minyak seungit dimana kembang gambir jeung kembang malati diolah. Salian ti
eta anjeunna oge gaduh toko emas. Didinya digawekeun tukang emas (pengrajin)
nu nyieunan ali, liontin, jepit jeung perhiasan sejenna. Kabeh jongosna,
kaasup nu ngurus istal, didatangkeun ti Jawa (maksudna urang Jawa). Jadi
kuring kudu make basa Jawa sapopoe. Kuring ngan bisa ngomong basa Sunda
jeung Durahim.

Dihiji poe, Raden Saleh ngabejaan yen kuring jeung Durahim rek dikirim ka
Semarang, rek diasupkeun ka sakola Jawa. Cariosna : "Supaya engkena aranjeun
bisa digawekeun ku pamarentah di daerah Sunda atawa di daerah Jawa. Ibu (Ny.
Raden Saleh) engke rek mawa aranjeun ka Semarang"

Di jaman eta, acan aya kapal api (uap),  jadi make kapal layar. Kuring
sarerea indit ti Palabuhan Batavia ka Semarang make bargas "Al Noor".
Saperti biasa waktuna teh genep poe. Di Semarang kuring nganjrek di imah
padagang Palembang Ence Dimah, di Kampung Pekojan.

Sapuluh poe ti harita, kuring jeung Durahim dikirim ka Sakola Jawa
dikalereun alun-alun. "Didieu maraneh kudu ngaku kulawarga Raden Saleh".
kitu
papatah Nyonya Raden Saleh.

Nyonya boga kulawarga loba di Semarang. Anjeunna nganjrek dua bulan ngurus
paninggalan almarhum salakina anu tiheula.


[Ke dilajeng deui, upami keyeng .....]

Kirim email ke