Beu.... anu cingogo dikaos bodas leungeun pondok mah kuring pisan, tapi daek
beunghar, saumur nyunyuhun hulu can kungsi boga ngaran Wawan Mulyana! Bisi
nu dimaksud teh anu make iket bulao, eta mah Kang Deni Suwarja Jin
Keresek(heuheu...), tapi duka ketang bisi ngaran aslina mah Wawan
Mulyana...

Euleuh... sakitu teh hasil tamba kesel, nya? Mani ku halebring nya ari urang
Sunda... Tamba kesel, bisa nyieun loka warta online... Komo mun gawena bari
daria... Tah2... kumaha tah wangwangan salira ngeunaan rampak gawe
prianganonline & kusnet teh?

On 9/13/07, Duddy RS <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   sami nu ieu ge cingogo, nganggo kaos bodas tangan pondok. kadua atanapi
> katilu ti katuhu kitu?
>
> perkawis <http://www.prianganonline.com> Priangan Online
> <http://www.prianganonline.com> , eta mah tamba kesel wae, teu aya
> rambat kamale sareng koran Priangan. sanaos sim kuring idek liher di
> dinya. hehehe. ka payun mah tiasa wae rupina "dirawu" ku koran Priangan.
> puguh nuju ngemutan ieu teh hoyong aya rubrik Sunda na ieu loka teh.
> nyuhunkeun bongbolongan ti sadayana, manawi ka payun Priangan Online,
> sareng Kusnet tiasa ngadamel rarancang gawe sasarengan. ngadumaniskeun
> program, kitu tah!
>

Kirim email ke