Bade tumanya..! Kuring mah terang teh Katiga we hungkul, tapi hartosna halodo. Meureun mun keur usum beubeutian sirungan jeung panen palawija ninggang di halodo kitu ?
Kapat = usum sumur sararaat = halodo ? Hatur nuhun, Emod On 9/13/07, Ahmad Sopiani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Pranata Mangsa > > > > Nya eta perelean ngaran usum dina jero sataun. > > 1. Kasa (kahiji) ti tanggal 22/23 juni – 2/3 agustus = usum mimiti > melak palawija > 2. Karo (kadua) ti tanggal 2/3 agustus – 25/26 agustus = usum randu > pucukan : melak palawija kadua > 3. Katiga (katilu) ti tanggal 25/26 agustus – 18/19 september = usum > beubeutian sirungan; panen palawija > 4. Kapat (kaopat) ti tanggal 18/19 september – 13/14 oktober = usum > sumur saraat : randu pentilan : usum melak cau > 5. Kalima (kalima) ti tanggal 18/19 oktober – 9/10 november = usum > turun hujan : asem pucukan : koneng ngadaun ngora > 6. Kanem (kagenep) ti tanggal 9/10 november – 22/23 desember = usum > bubuahan mimiti karolot : usum ngagarap sawah. > 7. Kapitu (katujuh) ti tanggal 22/23 desember – 3/4 pebruari = usum > caah jeung gede angin ; usum tandur > 8. Kawolu (kadalapan) ti tanggal 3/4 – 1/2 maret = usum pare reureuh > : loba hileud jsb. > 9. Kasonga (kasalapan) ti tanggal 1/2 maret – 26/27 maret = usum > pare rampak : turaes ngear > 10. Kadasa (kasapuluh) ti tanggal 26/27 maret – 19/20 april = usum > pare beuneur hejo; manuk-manuk nyarayang; usum palawija di tanah darat > 11. Desta (kasabelas) ti tanggal 19/20 april -12/13 mei = aya keneh > waktu keur malawija; manuk-manuk maraban anak na > 12. Sada (kaduabelas) ti tanggal 13/13 april – 22/23 juni = usum > rumpak jami; isuk-isuk tiris. > > (Dicutat ti Unak Anik Basa Sunda, Dedi S.Pd) > > > > Jadi simkuring lahir na Mangsa Kapat, pantesan rada resep pisan kana > cau..... J > > Kang Dudi, mangga nyanggakeun... geuning usum urang sunda sigana > pangseueurna nya. Di nagara batur paling seueur ge 4 usum... J > > Can di urang mah aya usum rambutan, usum kadu, usum jengkol.. J > > > > Ahmad Sopiani > Package Team > > R & D Group > AV Factory > > LG Electronics Indonesia > Block G MM 2100 Industrial Town > Cibitung - Bekasi 17520, West Java, Indonesia > Mail : [EMAIL PROTECTED] > Tel : +62-21-8989418 > [image: LG전자] > > Dana Abadi Pemberdayaan Ummat : > > http://dapu.blogsome.com/ > > > > >
<<image001.gif>>

