Seri Road to Holy Land: Ngarenghap Sakedapan di Giri Jaya
agni
diterjemahkeun ku Kang Munawar Holil
Sakali deui, lalampahan pikeun neangan jati diri nganteurkeun si kuring ka
tempat-tempat nu samemehna teu kungsi kabayangkeun. Giri Jaya¡K.si kuring can
kungsi nyaho naon ngaran Giri Jaya teh. Naon hartina. Si kuring ngan nyaho Jaya
Giri. Eta oge ku sabab si kuring kungsi ngadenge lagu Abah Iwan nu judulna
¡§Melati dari Jaya Giri¡¨ pleus nongton latar tempat kawah putih Jaya Giri dina
film GIE. Kacida pisan kurung batokna geuning si kuring teh, teu nyaho
naon-naon¡K.ngeunaan Jaya Giri, komo Giri Jaya.
Ti Sindangbarang teh si kuring milu naek treuk ukuran sedeng bareng jeung 2
urang utusan ti Kampung Budaya Sindangbarang mawa ¡§misi¡¨ nginjeum halu ka
Abah Eneng, pupuhu kampung adat Kasepuhan Giri Jaya. Lalampahan nu ayeuna ieu
mah rada santey ku sabab si kuring ngadenge beja ti anggalna yen daerah nu
bakal dijugjug teh teu tarahal kawas jalan ka Ciptagelar nu nyababkeun si
kuring JetLag salila saminggu. Poe Saptu, tanggal 2 September 2007, isuk-isuk
kuring spk indit ninggalkeun Kampung Sindangbarang. Sanajan hate mah rada
beurat kudu ninggalkeun babaturan sapajoangan nu keur mantuan Ama Maki (Achmad
Mikami Sumawijaya) di Pusat Media Festival Budaya Jawa Barat ¡¥Tepung Pare¡¦.
Samemeh ninggalkeun Bogor, Mang Ujang jeung Kang Dodol ngajak si kuring
sasarap di warung soto sisi jalan di daerah Empang, Bogor. Nu pasti mah, eta
warung sangu teh ayana deukeut masjid Al-Mutakin. Ngajenghok si kuring nempo
eta warung soto teh. Meja ngan ukur 2 bagian; digunakeun tempat dahar sakaligus
ngajogrogkeun dahareun. Hebat. Daging, urat, kulit suku sapi nu geus dikulub
bumbu koneng ngabayak dina meja. Loba jelema nu geus antri nyarokotan eta
daging. Antri nunggu giliran dagingna diproses ku nu boga warung. Giliran si
kuring datang oge. Huap munggaran teh jadi pangalaman batin nu moal bisa
kapopohokeun. Daging nu katempo ranyed jeung bakal piteuaseun the singhoreng
kacida empukna, ngahiji rasana jeung kuah soto nu koneng herang. Soto nu geus
25 taun jaya teh tetep nyadiakeun resep turun-tumurun nu geus kauji. Buktina
teh bisa katempo tina panjangna antrian nu rek meuli.
Sanggeus ngarasa sugema meakkeun keclak pamungkas sang soto, si kuring spk
mimiti ninggalkeun Bogor rek ngajugjung Sukabumi. Langsung nuju ka Giri Jaya.
Ari pek teh si kuring nuju ka sisi wetan Gunung Salak, hiji gunung nu jadi
inspirasi pikeun nu ngadegkeun Pajajaran pikeun merepresentasikeun Paku nu
Ngajajar (puncak-puncak Gunung Salak) dina ngaran Pakwan Pajajaran, jeung milih
eta daerah karajaan di antara dua walungan nu ngajajar....Karuhun si kuring teh
luar biasaaaa...[1]
Beuki deukeut jeung beulah wetan Gunung Salak, beuki nanjak jalan nu
disorang. Ngan kawasna mah Pemda di dinya (Sukabumi) geus mere perhatian nu
husus ka jalan-jalan nu nuju ka Kasepuhan Giri Jaya. Jalan aspal, memang, teu
sasampurna di daerah kota, ngan kawasna mah eta jalan teh geus milu ngadukung
kana majuna widang ekonomi, mobilitas penduduk, jeung aksesibilitas nu lumayan
di eta daerah jeung sabudeureunana. Meh 3 jam lalampahan si kuring teh, tapi
karasa nikmat. Ngaliwatan jalan naek-turun jeung pungkal-pengkol, ngaliwatan
pasawahan jeung walungan, oge teu poho ngaliwatan dua pabrik AQUA di Cidahu.
Waktu nepi ka Giri Jaya, si kuring bisa ngararasakeun segerna hawa nu
beresih. Seungitna hawa di dinya karasa someah pisan, hiliwirna angin karasa
¡¦empuk¡¦ pisan noel kulit si kuring. Kasomeahan hawa di dinya teh sabanding
jeung kasomeahan warga jeung kulawarga Abah Eneng. Sanggeus nepikeun maksud
jeung uleman Festival Budaya Jawa Barat ka Abah Eneng, si kuring spk disuguhan
kulub sampeu nu didahar jeung gula bodas pleus sagelas citeh panas....luar
biasa....
Bari jeung arapap-eureupeup...si kuring ngawanikeun maneh tumanya ngeunaan
imah gede nu arsitekturna, arsitektur nu asa-asa si kuring nyaho...ku sabab
mirip jeung imah aki di Jogjakarta. Ku sabab si kuring rada kaget, ku naon
wangunan imah teh bet henteu siga imah gede nu aya di Ciptagelar atawa
Sindangbarang. Samemehna si kuring kudu ngayakinkeun Abah Eneng yen si kuring
lain penutur basa Sunda nu aktip ngagunakeun basa Sunda, ngan wae memang aya
getih Sunda nu ngamalir dina ieu raga. Untungna teh Abah Eneng cukup ngamaklum
kana kakurangan si kuring salaku ¡¨jelema¡¨ nu ngaku urang Sunda, tapi teu bisa
ngagunakeun basa Sunda. Mimiti we Anjeunna ngadadarkeun lalakonna.....
¡¨Neng, ieu imah teh diwangun taun 1830 ku Abah Abu. Tah, Abah Abu teh datang
ka dieu (Giri Jaya) taun 1927 ti Solo.¡¨
Potongan eta kalimah teh masih keneh nempel dina ceuli si kuring. Tina eta
kalimah nu sapotong teh si kuring jadi loba tumanya...nanya...nanya deui...duka
sabaraha pananya nu geus kungsi kaluar dina ieu seri Road to Holy Land. Si
kuring usaha satekah polah neangan jawaban tina pananya si kuring dina
munggaran ieu seri....¡¨Saha si kuring teh?¡¨ Si kuring mikir bakal meunang
jawaban tina eta pananya si kuring dina lalampahan-lalampahan nu dilakukeun ku
si kuring spk ti FIB UI. Ngan, geuning, beuki lila, beuki jauh
lalampahan...beuki loba pananya nu pasuliwer dina pikiran si kuring....
Giri Jaya oge nimbulkeun pananya deui dina diri si kuring....
Sajarah kulawarga Abah Abu di Giri Jaya geus dituliskeun. Jentre yen ieu
kulawarga teh asalna ti Solo...jeung masih aya hubungan jeung karaton
Surakarta. Ngan, ku naon Gunung Salak dipilih ku aranjeunna minangka tempat
panglinggihan? Eta teh jadi pananya si kuring. Ku naon ieu Kasepuhan aya di
Giri Jaya?Kunaon dibere nama Giri Jaya?...padahal jaman maranehna jauh pisan ti
jaman Pakwan Pajajaran. Ngan, numutkeun Bapa Agus Aris Munandar, ayana
Kasepuhan Giri Jaya teh minangka hal penting di sabudeureun Mandala Gunung
Salak. Kitu oge naskah kuno nu dirawat ku Abah Eneng. Naskah nu ngagunakeun
tulisan Jawa masih nungguan pikeun dibaca. Muka lalangse sajarah ayana
Kasepuhan Giri Jaya. Fakta nu matak narik ati si kuring teh....Abah Eneng nu
notabene turunan Karaton Surakarta teh geuning teu tiasa maca aksara Jawa nu
aya dina eta naskah, oge teu tiasa basa Jawa. Tradisi Solo oge teu aya di eta
kampung. Ngan aya wangunan Imah Gede nu masih ngagunakeun ragam hias jeung
arsitektur
imah adat Jawa Tengah. Oge maranehna teh ngalaksanakeun upacara Seren Taun
tiap taun, sarua jeung Kasepuhan Ciptagelar, Cigugur, jeung nu lianna. Narik
ati pisa...masalah identitas di dieu teh kacida ragamna. Dimimitian ku pananya
ti mana asal Abah Abu, si kuring jadi hayang tumanya, naon nu dipikirkeun ku
Abah Abu nalika ngabuleudkeun tekad pikeun pindah/lumpat ka beulah wetan Gunung
Salak. Naha Abah Abu, nu cenah menak Solo, henteu ngawariskeun adat-istiadat ti
Karaton Surakarta ka anak-incu turunanana...? Ku naon kasepuhan Giri Jaya nu
masih mibanda getih Solo geuningan ayeuna geus jadi urang Sunda, ngagunakeun
basa Sunda nu bener, jeung ngamalkeun tali-paranti tradisi Sunda, salah
sahijina Seren Taun? Upacara Seren Taun oge jadi tetengger lumangsungna
identitas hybrid dina kasepuhan Giri Jaya. Abah Eneng geus teu bisa basa Jawa
deui. Ayeuna anjeunna teh jadi pupuhu kasepuhan Giri Jaya...hanjakal...patepung
teh kawatesanan ku waktu. Ngan 30 menit...teu mungkin pikeun
neangan jawaban tina sakabeh pananya nu pagaliwota dina uteuk si kuring waktu
harita....
Lalakon neangan saha jati diri si kuring spk teh masih panjang keneh. Masih
loba lalampahan nu bakal dilakukeun ku si kuring spk. Jeung masih bakal aya
deui tulisan-tulisan seri Road to Holy Land pikeun neangan cahya keur panglipur
hate, meunangkeun sakeclak cai ubar haus...jeung tetep dimimitianana teh ti
Sindangbarang...neangan ieu jati diri teh muga-muda bisa nyuluran (ngawakilan)
sababaraha urang nu miboga rasa nu sarua jeung si kuring spk di luar di
ditu...duka di mana...duka di saha....
Si kuring spk pamitan mulang nuju ka Sindangbarang. Si kuring spk bakal
buru-buru papanggih jeung babaturan nu keur sumanget mantuan Kampung Budaya
Sindangbarang. Meureun si kuring bakal balik deui waktu mulangkeun lisung Giri
Jaya nu milu jeung kuring nuju ka Sindangbarang. Balik deui ka Giri Jaya pikeun
neangan jawaban...neangan...teu ngan ukur ngadagoan...¡¨Menanti Sebuah
Jawaban¡¨ ceuk grup band PADI mah.
Salam,
Agni Malagina
nuhun Kang Mumu nu selalu sabar nyediakeun waktu buat si kuring..hatur nuhun
---------------------------------
[1] Tulisan ngeunaan Gunung Salak nu aya hubunganana jeung ngaran Pakwan
Pajajaran teh hasil pamikiran Bapa Agus Aris Munandar (FIB UI). Katerangan nu
leuwih jentre mah, mangga wae langsung ka anjeunna. Anjeunna tos merelekeun
pamadeganana dina tulisan ilmiahna.
<embed src="http://images.multiply.com/multiply/horizontal-headshot-badge.swf"
type="application/x-
---------------------------------
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel
and lay it on us.